“Hush, èta mah bèda deui, atuh jeung deui ulah loba suud­zon hirup mah, sabab èta tèh panyakit hate anu matak ngaba­lukarkeun ditutup tina cahaya Illahi. Lamun tèa mah aya anu kitu, keun wè da amaluna ama­lukum ieuh, sakabèhna bakal dipertanggung jawabkeun di sisi Allah,”pokna daria pisan.

Dikitukeun tèh kuring teu wani nèmbalan deui, anya asa di­tonjok halu bèngkok. Rumasa teu bisa ngajaga hate jeung ucapan. Sabab èta tèh ngan saukur ngira-ngira wungkul, teu apal kana je­jeroananan. Emh, hapunten wè atuh bapa-bapa nya, kuring geus suudzon, malah bisa ogè asup ka mitnah. Padahal jelas pisan corètna yèn mitnah tèh leuwih kejem anjeunna teu nèmbalan ieuh, ukur imut maur, tandana teu satuju kana ucapan kuring.

“Sabab lamun hate bersih, pikiran moal nguluwut, èta koncina sangkan urang sèhat, panyakit hate leuwih beurat diubaranana tibatan panyakit awak,”pokna deui. Kuring asa beuki ngayekyek sabab saenyan èta tèh. Malah sakapeung mah, sok ngarasa teu pararuguh mang­sa nempo tatangga barang beuli anu alalanyar.

BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN

mani ngadadak muriang tah. Nempo kuring cicing tèh, an­jeunna balik deui kana pasualan anu poko nyaèta nyaritakeun urusan kapariwisataan. Saluyu jeung buku Max Havelaar anu dikarang ku Multatuli, Indonèsia meunang jujuluk Intan Zamrud Khatulistiwa, teu salah pamang­gih èta tèh, sabab kanyatanana nagara urang tèh mibanda 13.677 pulo jeung deui dunya pariwisa­tana geus kakoncara ti baheula mangsa Gubernur Jendral A.W.F Indenburg kumawasa dina taun 1910 ngadegkeun Veereniging Voor Touisten nyaèta badan res­mi pamarèntahan Walanda anu ngatur urusan kapariwisataan di nagara Indonèsia, (beuh geuning geus lila lalakonna tèh nya)

Sajalan jeung perkembangan zaman, minat urang Eropa hu­susna Walanda pikeun ngajugjug ka Indonèsia beuki loba, komo deui saentas pausahaan perjalan­an Walanda anu disebut Belanda Lisonne Lindeman (Lislind) muka cabang di Batavia (Batawi).

BACA JUGA :  JELANG LAGA MALAM INI, TIMNAS VS AUSTRALIA

“Dina taun 1928, Lissone Lindeman dihijikeun jadi Nitour singgetan tina Nederlands In­dische Touristen Bureau) sarta mangrupa anak pausahaan mas­kapai palayaran Karajaan Walan­da nyaèta Koninglijke Paketvaart Maatschapy (KLM) jeung Royal Interosean,”sanggemna. Tah ti saprak dibukana biro-biro per­jalanan sarta sarana transportasi ka antara Eropa jeung Indonèsia ngalaman kamajuan, jumlah anu daratang ka Indonèsia tèh kacida ngaronjatna.

Pikeun nampungna Pamarèn­tah Hindia Walanda ngawangun sababaraha hotel diantarana, Hotèl Des Indes, Hotèl Der Ned­erland, Hotèl Royal di Jakatya, Panghegar di Bandung, Hotèl Sal­ak di Bogor jrrd. Ngan ti saprak perang dunya ka dua, mangsa Jepang ngajajah, kagiatan wisata ngalaman eureun. (*)

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================