Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SAUMUR nyunyuhun hulu (kurang gaul jeung kurang maca panyababna tèh) kakara nyaho lamun kecap pariwisata asalna tin basa Sangsakerta, kitu ogè ceuk Kang Haji Syafrudin manten Lurah Cikarèt anu resep pisan ngagugulung dunya èta. Pariwisa­ta tèh tina dua kecap, Pari tèh har­tina nguriling (keliling) sugan tèh lauk pari anu ipis hèg digorèng garing, daharna jeung sangu beureum, sambelna tarasi rada hèncèr (dasar ahli leleb atuh).

Wisata hartina perjalanan, jadi lamun dihijikeun, hartina iinditan boh sorangan atawa babarengan pikeun jalan-jalan (tamasya) kusabab rupa-rupa kahayang/niat pikeun nedunan sagala rupa kapentingan, boh usaha (èkonomi), sosial, budaya, politik, agama, kasèhatan, nam­bahan èlmu pangaweruh jeung sabagèna.

Jadi lamun anggota dèwan, pajabat pamarèntahan, atawa saha waè anu iinditan ka luar nag­ri atawa kamana waè, boh pikeun studi banding atawa nèangan èlmu pangaweruh kaasup kana golongan pariwisata. Ngan lamun jauh-jauh indit, diwaragadan ku nagara (duit rahayat), hasilna euweuh èta mah kaasupna pele­siran, atawa tamasya. Dumasar kana kalimah èta, saur Kang Haji Syaf, di jerona aya unsur nèangan kasenangan, nimu kabagyaan, serta katineung tina hasil perjala­nan èta.

“Kitu sotèh lamun make duit sorangan mah, teu jadi pasualan, rèk ngan saukur nèangan kas­enangan atawa suka-suka wung­kul ogè Kang Lurah, tapi lamun ngagunakeun duit rahayat mah teu kaci,”cèkèng tèh. Komo deui lamun sagalana diparèkoskeun.

“Maksudna kumaha tah?” an­jeunna naros.

“Enya anu kuduna tilu poè, diringkeskeun jadi sapoè, tapi itunganana mah, angger wè tilu poè, anu dua poèna deui, leungit ilang tanpa karana,” ceuk kuring deui.