Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
SAUMUR nyunyuhun hulu (kurang gaul jeung kurang maca panyababna tèh) kakara nyaho lamun kecap pariwisata asalna tin basa Sangsakerta, kitu ogè ceuk Kang Haji Syafrudin manten Lurah Cikarèt anu resep pisan ngagugulung dunya èta. PariwisaÂta tèh tina dua kecap, Pari tèh harÂtina nguriling (keliling) sugan tèh lauk pari anu ipis hèg digorèng garing, daharna jeung sangu beureum, sambelna tarasi rada hèncèr (dasar ahli leleb atuh).
Wisata hartina perjalanan, jadi lamun dihijikeun, hartina iinditan boh sorangan atawa babarengan pikeun jalan-jalan (tamasya) kusabab rupa-rupa kahayang/niat pikeun nedunan sagala rupa kapentingan, boh usaha (èkonomi), sosial, budaya, politik, agama, kasèhatan, namÂbahan èlmu pangaweruh jeung sabagèna.
Jadi lamun anggota dèwan, pajabat pamarèntahan, atawa saha waè anu iinditan ka luar nagÂri atawa kamana waè, boh pikeun studi banding atawa nèangan èlmu pangaweruh kaasup kana golongan pariwisata. Ngan lamun jauh-jauh indit, diwaragadan ku nagara (duit rahayat), hasilna euweuh èta mah kaasupna peleÂsiran, atawa tamasya. Dumasar kana kalimah èta, saur Kang Haji Syaf, di jerona aya unsur nèangan kasenangan, nimu kabagyaan, serta katineung tina hasil perjalaÂnan èta.
“Kitu sotèh lamun make duit sorangan mah, teu jadi pasualan, rèk ngan saukur nèangan kasÂenangan atawa suka-suka wungÂkul ogè Kang Lurah, tapi lamun ngagunakeun duit rahayat mah teu kaci,â€cèkèng tèh. Komo deui lamun sagalana diparèkoskeun.
“Maksudna kumaha tah?†anÂjeunna naros.
“Enya anu kuduna tilu poè, diringkeskeun jadi sapoè, tapi itunganana mah, angger wè tilu poè, anu dua poèna deui, leungit ilang tanpa karana,†ceuk kuring deui.
“Hush, èta mah bèda deui, atuh jeung deui ulah loba suudÂzon hirup mah, sabab èta tèh panyakit hate anu matak ngabaÂlukarkeun ditutup tina cahaya Illahi. Lamun tèa mah aya anu kitu, keun wè da amaluna amaÂlukum ieuh, sakabèhna bakal dipertanggung jawabkeun di sisi Allah,â€pokna daria pisan.
Dikitukeun tèh kuring teu wani nèmbalan deui, anya asa diÂtonjok halu bèngkok. Rumasa teu bisa ngajaga hate jeung ucapan. Sabab èta tèh ngan saukur ngira-ngira wungkul, teu apal kana jeÂjeroananan. Emh, hapunten wè atuh bapa-bapa nya, kuring geus suudzon, malah bisa ogè asup ka mitnah. Padahal jelas pisan corètna yèn mitnah tèh leuwih kejem anjeunna teu nèmbalan ieuh, ukur imut maur, tandana teu satuju kana ucapan kuring.
“Sabab lamun hate bersih, pikiran moal nguluwut, èta koncina sangkan urang sèhat, panyakit hate leuwih beurat diubaranana tibatan panyakit awak,â€pokna deui. Kuring asa beuki ngayekyek sabab saenyan èta tèh. Malah sakapeung mah, sok ngarasa teu pararuguh mangÂsa nempo tatangga barang beuli anu alalanyar.
mani ngadadak muriang tah. Nempo kuring cicing tèh, anÂjeunna balik deui kana pasualan anu poko nyaèta nyaritakeun urusan kapariwisataan. Saluyu jeung buku Max Havelaar anu dikarang ku Multatuli, Indonèsia meunang jujuluk Intan Zamrud Khatulistiwa, teu salah pamangÂgih èta tèh, sabab kanyatanana nagara urang tèh mibanda 13.677 pulo jeung deui dunya pariwisaÂtana geus kakoncara ti baheula mangsa Gubernur Jendral A.W.F Indenburg kumawasa dina taun 1910 ngadegkeun Veereniging Voor Touisten nyaèta badan resÂmi pamarèntahan Walanda anu ngatur urusan kapariwisataan di nagara Indonèsia, (beuh geuning geus lila lalakonna tèh nya)
Sajalan jeung perkembangan zaman, minat urang Eropa huÂsusna Walanda pikeun ngajugjug ka Indonèsia beuki loba, komo deui saentas pausahaan perjalanÂan Walanda anu disebut Belanda Lisonne Lindeman (Lislind) muka cabang di Batavia (Batawi).
“Dina taun 1928, Lissone Lindeman dihijikeun jadi Nitour singgetan tina Nederlands InÂdische Touristen Bureau) sarta mangrupa anak pausahaan masÂkapai palayaran Karajaan WalanÂda nyaèta Koninglijke Paketvaart Maatschapy (KLM) jeung Royal Interosean,â€sanggemna. Tah ti saprak dibukana biro-biro perÂjalanan sarta sarana transportasi ka antara Eropa jeung Indonèsia ngalaman kamajuan, jumlah anu daratang ka Indonèsia tèh kacida ngaronjatna.
Pikeun nampungna PamarènÂtah Hindia Walanda ngawangun sababaraha hotel diantarana, Hotèl Des Indes, Hotèl Der NedÂerland, Hotèl Royal di Jakatya, Panghegar di Bandung, Hotèl SalÂak di Bogor jrrd. Ngan ti saprak perang dunya ka dua, mangsa Jepang ngajajah, kagiatan wisata ngalaman eureun. (*)
Bagi Halaman