Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
KURANG leuwih sapoè deui, uraÂng bakal asup kana bulan anu piÂnub berkah magpirah jeung anu leubeut ku pahala. Pikeun umat muslim (muslimah) geus pasti “wajib†kudu bungah ku kasumpÂingan ramdhan. Di Bogor, pada umumna, aya kabiasaan cucurak dina mapag ramadhan tèh.
Carana rupa-rupa aya anu ngabring ka hiji tempat bari tuÂluy muka bekel babarengan boh jeung kulawarga atawa jeung baÂbaturan, aya ogè anu ngan sauÂkur dahar bareng lamun ceuk urang Bogor mah papadangan. Cucurak, kabiasaan anu ngan aya dina mapag Ramadhan wungkul, bari jeung ditungtungan ku dahar bareng. Alus kagiatan samodèl kitu tèh, lain ngan saukur dahar wungkul, sabab di jerona tèh aya mageuhkeun silaturahmina.
Kagiatan ieu lamun teu di kantor atawa lembaga-lembaga, sok dilaksanakeun di lembur-lembur, duka di komplèk paimaÂhan mèwah, anu tatangga jeung tatanggana teu warawuheun mah. Lamun tèa mah dina sapopoèna tara papanggih kuÂlantara ku lobana kasibukan, dina waktu cucurak mah biasana tèh karumpul. Atuh aya alusna lamun dina waktu cucurak èta, aya silih hampura jeung silih du’akeun sangkan mulus rahayu, dipasihan kakiatan dina raraga ngajalankeun puasa anu bakal diÂhareupan.
Kagiatan sèjènna dina mapag sumpingna bulan suci tèh, di Kota Bogor baheula mah sok aya ngabedahkeun situ. Nu datangna ti mana mendi, dina poè èta mah kayaan di sakurilingeun situ ngaÂdadak jadi ramè pisan, boh nu ngadon ngala lauk atawa nu daÂragang.
Saujratna kagiatan kawas kieu tèh kudu dipiara sarta tuluy tuÂmuluy dilangsungkeun sabab bisa ngahudangkeun potènsi èkonomi pikeun masarakat satempat. Pan meureun anu daragang kadahaÂran, inumeun tèh lolobana mah urang dinya. Malah mun bisa mah jadi kalènder kagiatan Dines KabuÂdayaan jeung Pariwisata satempat.
Taya salahna lamun dina kaÂgiatan èta dipintonkeun rupa-rupa kasenian, ambèh kacintaan kana budaya atawa seni karuÂhunna ngandelan. Saur Aki MarÂdud, dina raraga mapag puasa ieu afdolna mah lain ngan saukur cucurak wungkul tapi dibarengan ku ngadu’a ka Allah SWt sangkan dipaparin kasempetan pikeun papanggih jeung bulan RamadÂhan dina kayaan sehat wal afiat sangkan ngajalankeunanan bisa maksimal salian ti puasa tèh, bisa shalat, tilawah, jeung dzikir.
Ti Anas bin Malik r.a. nyarioÂskeun yèn Rasulullah SAW upami lebet ka sasih Rajab ngadu’a â€AlÂlahuma bariklana fii rajab wa sya’ban, wa balighna ramadan.†anu hartina Ya Allah, barokaÂhan kami dina bulan Rajab jeung Sya’ban sarta tepikeun kami ka bulan Ramadan. (HR. Ahmad dan Tabrani). Muji jeung syukur ka AlÂlah kana karunia Ramadhan anu geus dipaparinkeun ka urang.
Gumbira kana sumpingna RaÂmadhan, Rasulullah SAW salawaÂsa masihan bèja pikagumbiraeun ka para sahabat unggal sumping sasaih Ramadhan, Geus datang ka aranjeun bulan Ramadan, bulan anu pinuh barokah. Allah geus ngawajibkeun ka aranjeun kudu puasa. Dina bulan èta, AlÂlah mukakeun panto-panto surga sarta nutup lawang-lawang naraÂka (HR. Ahmad). Nèkadkeun dina hate ngeusian ku kataatan. DiaÂjar ngeunaan bag-bagan hukum jeung sakabèh ibadah dina bulan Ramadhan. Jeung papagkeun RaÂmadhan ku niat anu kuat pikeun ninggalkeun pidosaeun, jeung kabiasaan gorèng, siapkeun raga jeung jiwa, sarta pikeun da’wah.
“Malah alusna mah nyieun caÂtetan ngeunaan kagiatan anu rèk dilaksanakeun dina bulan RamaÂdhan kayaning, tadarus, datang ka majlis pangajian pikeun diajar agama,â€saurna deui. Unggal taun, pikeun sababaraha kulawarga, Ramadhan tèh sok karasa bèda, sabab lamun dina taun kamari mah, saur jeung buka tèh lengkep kènèh, boa dina taun ieu mah aya anu geus ninggalkeun.
Komo anu sorangan mah meureun karasana tèh beuki cuÂang-cieung. Tapi kètang lalakon manusa mah geus dijieun tidituÂna, anu aya jadi euweuh, anu euÂweuh bisa jadi aya. Lamun ayeuna lengkep Ramadan taun hareup mah duka tèh teuing, boa urang anu geus teu bisa miluan puasa deui. Numatak meungpeung puaÂsa hayu urang ronjatkeun amal ibadah urang dina ngeusian bulan shaum ieu, bisa teu kabagèan buÂlan puasa deui, hususna tarawèh jeung ngaderes Qur’an. Bisi èngkè ditanya, salila hirup geus sabaraÂha kali hatam Qur’an?
Bagi Halaman