Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KURANG leuwih sapoè deui, ura­ng bakal asup kana bulan anu pi­nub berkah magpirah jeung anu leubeut ku pahala. Pikeun umat muslim (muslimah) geus pasti “wajib” kudu bungah ku kasump­ingan ramdhan. Di Bogor, pada umumna, aya kabiasaan cucurak dina mapag ramadhan tèh.

Carana rupa-rupa aya anu ngabring ka hiji tempat bari tu­luy muka bekel babarengan boh jeung kulawarga atawa jeung ba­baturan, aya ogè anu ngan sau­kur dahar bareng lamun ceuk urang Bogor mah papadangan. Cucurak, kabiasaan anu ngan aya dina mapag Ramadhan wungkul, bari jeung ditungtungan ku dahar bareng. Alus kagiatan samodèl kitu tèh, lain ngan saukur dahar wungkul, sabab di jerona tèh aya mageuhkeun silaturahmina.

BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN

Kagiatan ieu lamun teu di kantor atawa lembaga-lembaga, sok dilaksanakeun di lembur-lembur, duka di komplèk paima­han mèwah, anu tatangga jeung tatanggana teu warawuheun mah. Lamun tèa mah dina sapopoèna tara papanggih ku­lantara ku lobana kasibukan, dina waktu cucurak mah biasana tèh karumpul. Atuh aya alusna lamun dina waktu cucurak èta, aya silih hampura jeung silih du’akeun sangkan mulus rahayu, dipasihan kakiatan dina raraga ngajalankeun puasa anu bakal di­hareupan.

Kagiatan sèjènna dina mapag sumpingna bulan suci tèh, di Kota Bogor baheula mah sok aya ngabedahkeun situ. Nu datangna ti mana mendi, dina poè èta mah kayaan di sakurilingeun situ nga­dadak jadi ramè pisan, boh nu ngadon ngala lauk atawa nu da­ragang.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

Saujratna kagiatan kawas kieu tèh kudu dipiara sarta tuluy tu­muluy dilangsungkeun sabab bisa ngahudangkeun potènsi èkonomi pikeun masarakat satempat. Pan meureun anu daragang kadaha­ran, inumeun tèh lolobana mah urang dinya. Malah mun bisa mah jadi kalènder kagiatan Dines Kabu­dayaan jeung Pariwisata satempat.

============================================================
============================================================
============================================================