Taya salahna lamun dina ka­giatan èta dipintonkeun rupa-rupa kasenian, ambèh kacintaan kana budaya atawa seni karu­hunna ngandelan. Saur Aki Mar­dud, dina raraga mapag puasa ieu afdolna mah lain ngan saukur cucurak wungkul tapi dibarengan ku ngadu’a ka Allah SWt sangkan dipaparin kasempetan pikeun papanggih jeung bulan Ramad­han dina kayaan sehat wal afiat sangkan ngajalankeunanan bisa maksimal salian ti puasa tèh, bisa shalat, tilawah, jeung dzikir.

Ti Anas bin Malik r.a. nyario­skeun yèn Rasulullah SAW upami lebet ka sasih Rajab ngadu’a ”Al­lahuma bariklana fii rajab wa sya’ban, wa balighna ramadan.” anu hartina Ya Allah, baroka­han kami dina bulan Rajab jeung Sya’ban sarta tepikeun kami ka bulan Ramadan. (HR. Ahmad dan Tabrani). Muji jeung syukur ka Al­lah kana karunia Ramadhan anu geus dipaparinkeun ka urang.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Gumbira kana sumpingna Ra­madhan, Rasulullah SAW salawa­sa masihan bèja pikagumbiraeun ka para sahabat unggal sumping sasaih Ramadhan, Geus datang ka aranjeun bulan Ramadan, bulan anu pinuh barokah. Allah geus ngawajibkeun ka aranjeun kudu puasa. Dina bulan èta, Al­lah mukakeun panto-panto surga sarta nutup lawang-lawang nara­ka (HR. Ahmad). Nèkadkeun dina hate ngeusian ku kataatan. Dia­jar ngeunaan bag-bagan hukum jeung sakabèh ibadah dina bulan Ramadhan. Jeung papagkeun Ra­madhan ku niat anu kuat pikeun ninggalkeun pidosaeun, jeung kabiasaan gorèng, siapkeun raga jeung jiwa, sarta pikeun da’wah.

“Malah alusna mah nyieun ca­tetan ngeunaan kagiatan anu rèk dilaksanakeun dina bulan Rama­dhan kayaning, tadarus, datang ka majlis pangajian pikeun diajar agama,”saurna deui. Unggal taun, pikeun sababaraha kulawarga, Ramadhan tèh sok karasa bèda, sabab lamun dina taun kamari mah, saur jeung buka tèh lengkep kènèh, boa dina taun ieu mah aya anu geus ninggalkeun.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Komo anu sorangan mah meureun karasana tèh beuki cu­ang-cieung. Tapi kètang lalakon manusa mah geus dijieun tiditu­na, anu aya jadi euweuh, anu eu­weuh bisa jadi aya. Lamun ayeuna lengkep Ramadan taun hareup mah duka tèh teuing, boa urang anu geus teu bisa miluan puasa deui. Numatak meungpeung pua­sa hayu urang ronjatkeun amal ibadah urang dina ngeusian bulan shaum ieu, bisa teu kabagèan bu­lan puasa deui, hususna tarawèh jeung ngaderes Qur’an. Bisi èngkè ditanya, salila hirup geus sabara­ha kali hatam Qur’an?

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================