“Peutingan ka dalapan , Al­lah Ta’ala maparin ka anu shalat tarawèh sakumaha anu parantos dipasihkeun ka Nabi Ibrahin Alai­hi Salam,”saur Ustad Maman.

“Aya kènèh Tad?” cèkèng tèh nanyakeun.

“Unggal peuting ogè aya fadi­lahna, ngan isuk wè , Ustad rèk ngaji heula,”pokna tèh bari

ngalèos. Tah ngeunaan shalat tarawèh tèa, di lembur kuring ayeuna mah, rada tartib, teuing pèdah barudakna rada kurang, atawa mèmang jamanna geus rada bèda jeung baheula, baru­dak ayeuna mah geus rada pati kurang hareureuy. Naha pèdah loba teuing ulin jeung computer kitu, unggal poè nyieun status dina facebook jeung twiter, nepi ngurangan rasa beungkeutan sosialna, atawa mèmang geus saladar kana pentingna shalat tarawèh? Lamun tèa mah ma­ranèhanana tara hareureuy tèh disababkeun ku kaleungitan rasa humorna (sense of humour) rada dihanjakalkeun tah, sabab rasa sosial kadeukeutan antara mara­nèhanana geus mimiti ngurana. Kahareupna barudak bakal me­kar jadi pribadi anu daria sarta bakal hirup aing-aingan jeung sèwang-sèwangan. Sabab heu­reuy tètèla mangrupa ciri deuke­utna hiji sosobatan, sabab jalma moal heureuy teu pupuguh jeung jalma anu kakara dipikawanoh­na. Baheula basa kayaan mushola masih kènèh darurat, shaf lalaki jeung awèwè ukur dipipindin­gan ku lawon pikeun misahkeu­nana, aya babaturan kuring anu rada lenger. Diantara kolot anu miluan shalat tarawèh tèh, aya anu sok muka kolorna sarta di­gantungkeun dina paku jandèla, maksudna mah meureun hari­wang lamun kolorna kanajisan mangsa keur kahampangan. Ti rakaat munggaran kènèh Ki Sobat mah geus ngincer kana kolor Ki Salhiam tèh, mangsa asup rokaat ka genep, lung wèh kolor tèh dialungkeun ka barisan ibu-ibu. Meureun jigana tèh, èta kolor ninggang kana sirahna, sa­bab kadèngè tinggerendeng, aya kolor lecek kana sirah cenah. Ji­gana mah ibu-ibu anu karagragan kolor tèh ngarasa panas lung èta kolor tèh dialungkeun ka barisan bapa-bapa, rag-ragna tèh persis dina taktak Ki Salhiam anu cicing di jajaran panghareupna. Nempo kitu barisan tukangeunana tèh ting aruyek, nahan seuri, malah diantarana aya anu teu kuateun nepi ka èbat sagala. Ki Salhiam ogè ngarasa reuwas sabab dina tak-takna ngadadak aya sor­ban anyar, ngan lantaran sieun batal shalat tarawèhna manèhna ngadagoan nepi ka awèh salam. Beres awèh salam gancang anu nyangsang dina tak-takna tèh di­cabak tuluy ditempo manèhna ngagebeg, geuning èta tèh kolor manèhna. Gancang manèhna ka tukang, teu lila tuluy ngin­cid balik, sigana mah neruskeun tarawèhna tèh di imahna. Tah saprak harita Ki Salhiam jadi katelah Ki Sorban Kolor, sarta hikmahna taya deui kolor-kolor anu ngagarantung dina paku sisi jandèla, atawa dina èrang-èrang nako jeung loster. Sabab bisi ba­han pikeun heureuy. Barina ogè, kolor ditumbrak-tembrak nya !

Halaman:
« 1 2 » Semua
BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN
============================================================
============================================================
============================================================