Hariring-Dadang-HP(Bagian ka 1)

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SALAH sahiji kautamaan atawa anu ngabèdakeun bulan puasa jeung bulan sèjènna tèh nyaèta ayana Shalat Tarawèh atawa shalat sunna lail (peuting) ber­jamaah anu dilaksanakeunana ba’da Isya. Istimèwa puguh ogè, shalat sunnah anu berjamaah. Ngan dasar urang Sunda, saka­peung sok ditambahan ku heu­reuy , shalat tarawèh tèh dis­alenggorkeun jadi tara sawarèh (utamana mah ku nu ngedul).

“Padahal lamun nyaho fadi­lahna mah rarasaan moal hay­ang ninggalkeun najan sarokaat ogè,”saur Ustad Maman bari nyaritakeun fadilahna. Ti Ali bin Abi Thalib ra yèn Kangjeng Rasul kantos nyabda sawaktos ditaros ngeunaan kautamaan-kautamaan tarawèh di bulan Ra­madan. Peutingan kahijia siga jalma mukmin anu kakara kaluar tina dosana kawas kakara dila­hirkeun ku indungna, peuting kadua dihampura dirina jeung indung bapana, lamun manèhna mu’min, peutingan ka tilu Ma­laikat ngagero handapeun Arsy, ngaduakeun sangkan manusa di­hampura dosa-dosana anu geus kaliwat, kaopat meunang pahala kawas maca Taurat, Injil, Zabur jeung Al-Furqan (Al-Quran). Peuting kalima, meunang pahala kawas anu shalat di Masjidil Ha­ram, Masjid Madinah jeung Masji­dil Aqsha. Peuting ka genep Allah Ta’ala mere pahala kawas jalma anu thawaf di Baitul Makmur sarta dipangmèntakeun ampu­nan ku unggal batu jeung cadas. Peutingan ka tujuh, saolah-olah meunang darajat Nabi Musa A.S mangsa ngèlèhkeun Fir’aun jeung Haman.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA
============================================================
============================================================
============================================================