Ngarti jeung Suri

Di jaman Orde Baru mah pan loba pangusaha anu diwowoy jeung diogo, dibèrè fasilitas pikeun ngagawèan proyèk-proyèk utama, ayeuna mah duka tèh teuing. Mugia wè tender proyèk anu enggeus, eukeur jeung bakal dilaksanakeun tèh bener-bener murni, teu cueut ka nu hideung pon­tèng ka nu konèng.

Baheula keur jaman Warkop jum­eneng kènèh, kungsi nyieun film drama komedi itu bisa diatur anu dikaluarkeun dina taun 1984, kalayan disutradaraan ku Arizal sarta dibintangan ku Aminah Cendrakasih. Eusina nyaritakeun , Tilu sobat nyaèta Dono, Kasino, Indro anu meunang kapercayaan muka restoran. Heureuyna dimimitian ti restoran èta, diantarana teu ngahaja ka borgol, bari koncina euweuh. Kakuatan film komè­di ieu, saujratna ku kaahlian tilu ang­gotana, sanajan kalimah itu bisa diatur anu jadi judul teu ngagambarkeun eusi carita anu sabernerna, atawa saluyu jeung judulna. Ngan kabèhdieunakeun kalimah sagalana bisa diatur tèh bet jadi gorèng hartina.

BACA JUGA :  MBG: KETIKA TUJUAN MULIA TERCEDERAI

“Tenang wè pa, sagalana tiasa diatur,” ceuk hiji pajabat bari imut. Anu diajak ngomongna tèh surti kana maksud kalimah ieu. Biasana sok aya “balas jasa” boh di samèmèh bèrès, atawa saentasna. Bisa diatur, bisa alus bisa gorèng, kari kumaha situasina.

Padahal anu pangpentingna mah lain, kudu bisa diatur jeung teu daèk diatur. Tapi kudu bisa ngatur soran­gan sarta saluyu jeung aturan anu geus ditangtukeun. Anu kitu tèh ngaranna ngarti atawa komo lamun bisa surti mah. Di jaman kiwari, anu diperluke­un tèh lain semet ngan ngarti wungkul, tapi leuwih ti èta. Lamun sakabèhna geus bisa nempatkeun dirina dina surti (tangtuna dina harti nu alus), rarasaan bakal merenah. Lamun tèa mah anu ngarala cai surti, moal nepi ka mèakeun cai nepi batur kasaatan, ata­wa dina widang sèjènna. Kitu ogè anu naluaran kai di leuweung, anu nyekel pamarèntahan, organisasi atawa naon waè diperlukeun sikep surti. Teu gam­pang mèmangna ogè, sabab sakurang­na perlu nyaho kabutuh batur. (*)

Halaman:
« 1 2 » Semua

Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel



======================================
====================================