Sanajan teu kaasup kana hukum wajib, sunnahna ogè lain mudikna, tapi silaturahmina sabab di sajeroeun balik ka lembur tèh anu ditèanganana pastina silaturahmi. Jauh dijugjug angÂgang ditèang, bari jeung hèsè bèlèkè pinuh pangorbanan boh dijalan, salila persiapan nepi ka balikna deui tèh lain èntèng-èntèng.
Lian ti èta, dina mudik aya paÂmindahan puseur èkonomi ti kota ka lembur, sabab anu marulang ka lemburna tèh salian ti mawa olèh-olèh anu mangrupa kadaharan, jeung baju
pastina ogè duit. Dina jumlah badag meureun dirabungkeun ataÂwa dibeulikeun kana balong jeung sawah, dina jumlah leutik atuh jajan-jajan di warung atawa kadaharan beunang urang lembur. Kukituna kaÂhirupan di lembur dina saminggu èta mah, aya parobahan ti biasana.
“Numatak tibatan leungit tradisi mudik kalah nambahan, moal bisa leungit,†ceuk Aki Mardud. Karasa ku sorangan, komo geus kolot pantaran manèhna, mangsa keur lebaran cuÂang-cieung tèh mani asa di kuburan.
“Gulang-guling ukur duaan jeung ninina barudak, sedeng barudak jeung incu-incu teu bisa maturan mapag lebaran. Puguh wè mani asa cuang- cieung asa di jero kuburan,†pokna deui. Tètèla, balik ka lembur bari papanggih jeung baraya lain ngan saukur manjangkeun silaturahmi wungkul, tapi ngabungahkeun (komo kolot) anu dianjanganana.
Tah pikeun anu teu boga lembur pamulangan mah, saentas silaturahmi jeung tatangga, dulur-dulur tèh, loba anu ngadon mulangkeun balas dengÂdem mangsa keur puasa. Kurang sarè, jeung kurang istirahat tèh dibaleskeuÂna harita, Sawarèhn deui? Ah, nongkÂrong wè sisi Cisadanè. (*)