Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SALAH sahiji kajadian anu kacida “dahsyatna” dina mapag lebaran, anu ngalibetkeun sababaraha instansi, turun tangan langsung nyaèta, mu­dik, mulang ka udik, atawa mulang ka lemburna sorangan. Ti saminggu samèmèh lebaran jeung saminggu saentasna, jalan-jalan pinuh ku jalma anu rèk mudik jeung balik deui.

Malah ku hèbat-hèbatna, nepi ka jalan-jalan anu rèk diliwatan ku anu rèk marudik tèh, jalan-jalan tèh nga­dadak dilegaan jeung dialuskeun. Kitu ogè ampir unggal instansi dikeprukkeun pikeun ngalayanan anu rèk marulang ka lemburna ieu. Harianeun ari polisi, dinas perhubun­gan anu mèmang tugasna, malah sa­babaraha dines lain kayaning dines kasèhatan, jeung nu sèjènna ogè ilu biung “ngamankeun” .

Saur Jakob Sumardjo, mangsa har­ita lamun jalma nyebutkeun rèk mu­dik hartina balik ka girang, sabab anu ka hilir mah hartina rèk ka pangum­pulan cai . Jalma anu naèk ka hulu cai (girang) hartina, balik ka “lembur” sedengkeun ka hilir mah, bisa dihar­tikeun ka luar ti lembur, ngumbara, Lamun di tempo tina jalurna anu ti Jakarta, Tangerang, Bogor, rata-rata mulangna tèh ka Beulah Wètan, aya ogè anu ka Beulah kalèr, nyabrang lautan.

BACA JUGA :  HARI KEBANGKITAN NASIONAL PERLU PELURUSAN SEJARAH?

Tapi ayeuna mah teu kitu ieuh, mudik tèh ayeuna mah geus pabaliut. Anu ti Jakarta loba anu mudik ka Ka­limantan, kitu ogè sabalikna, loba anu ti Kalimantan jeung Pulo- Pulo di saluareun Jawa sèjènna baralik ka Jawa, jadi lain ngan salancar. Eta tèh nandakeun yèn geus aya pamarataan pangwangunan, sabab istilah mudik tèh lain ngan saukur balik ti kota ka lembur. Sabab ayeuna mah lemburna ogè geuss robah jadi kota. Malah lem­burna ogè geus robah leuwih kota ti­batan tempat gawèna.

Tradisi mulang ka lembur dina sa­taun sakali anu biasana dina mangsa lebaran, di jerona tèh aya sabaraha tujuan jeung kalonggaran. Kahiji, dina poè lebaran tèh poè pangalusna pikeun silaturahmi, saentas sabulan puasa, kadua keur loba duit sabab meunang tunjangan hari raya, geus kitu pan rada rinèh dibèrè perè ku kan­torna. Jadi alesan pikeun balik tèh loba pisan, teu hiji teu dua. Geus kitu, am­pir sakabèhna migawè hal anu sarua. Lamun nepi ka henteu pipilueun kitu tèh, meureun cuang-ciung sorangan. Malah aya paribasana sanajan prèman ogè cenah mangsa lebaran teu bisa balik, atawa teu papanggih jeung kula­wargana mah angger wè mèwèk. “Tah numatak, dina lebaran mah jalma tèh maksakeun baralik ka lemburna?’ ceuk Ki Mardud basa nganteurkeun tatanggana anu rèk mudik ka Jawa.

============================================================
============================================================
============================================================