Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
“RÈK jam sabaraha miang tèh?†ceuk Mang Dudi , mamang kurÂing ti indung, nanyakeun ka anakna anu rèk ka Ciamis, ngaÂluuhan anak uwa anu rèk nikaÂhan.
“Engkè wè pa ba’da Isya, ambèh salsè. Upami wengi mah rada rinèh, tos kitu akad nikahna ogè pan tabuh sapuluhan. JantÂen kabujeng kènèh ngahadiran walimah mah,†tèmbal KusnanÂdar.
“Naha kudu bada Isya, Kus? meureun taya waktu pikeun istirahat. Kacipta capèna mawa mobil sorangan mah,â€kuring nanyakeun.
“Manawi kang, hoyong shalat berjamaah Isya heula di dieu. Upami Ba’da Ashar mah, kapameng ku Magrib, ma’lum perjalanan jaman kiwari mah, seueur pisan macètna, bilih pas wanci Magrib kaleresan di tenÂgah jalan,â€pokna tèh. Ngadèngè jawaban kitu tèh, kuring ngarasa reueus, bungah anu aya. Tètèl ajaran bapana, nerap pisan. SaÂbab di jaman kiwari mah, asa rada langka anu ngutamakeun kawajiban ahèrat, ngadasarkeun pagawèan anu bakal dilakonan ku ngaheulakeun kawajiban anu pangutamana.
Sabab pan umumna mah anu diburuna tèh waktu, nepi loba anu ninggalkeun kawaÂjiban “ngadeuheus†ka Gusti Allah. Manusa leuwih loba anu sieuneun katinggaleun ku karèta api, kapal udara, kapal laut, kuÂsabab kudu gawè, jangji jeung sasamana. Tapi jangji ka Allah loba anu diluli-luli, atawa dièngÂkè-èngkè, keuna ku kecap kagok.
Kagok keur nganggeuskeun pagawèan, kagok keur rapat, ah pokona mah kagok ku saÂgala urusan dunya. Loba anu rinèh, loba waktu kuasabab mèÂmang kasabna teu diudag-udag teuing ku pagawèan, atawa anu geur rèngsè dina ngabaktikeun tanagana ka nagara, tapi dina palebah ibadah mah, angger wè henteu ngarasa salsè. Harianeun anu cicingna di wewengkon KaÂbupatèn Bogor, hèg boga kasabÂna tèh di Jakarta, Indit samèmèh Subuh atawa janari leutik, muÂlang geus tengah peuting.
Anu aya tèh ngan meunang capèna wungkul (lamun teu diÂbarengan ku ibadah mah). Sabab saur Ustad Dudi, lamun diibaratÂkeun shalat mah angka hiji, atawa tihang agama. Jadi lamun tihangÂna teu diadegkeun, angka hijina tèh leungit. Ibadah lainna tèh jadi taya nilèyna pisan, sabab rèk diÂmana “disangsangkeunanaâ€.
Waktu di jaman kiwari, jadi hiji “benda†anu kacida gedè nilèyna. Lamun ceuk bangsa deungeun, time is money, ceuk urang Sunda mah, wanci tèh mustari, mangsa anu utama. Dina Qur’an ogè jèntrè pisan, dina Suat Al –Ashar, kumaha pentingna waktu dina kahirupan manusa sapopoè.
Demi wanci. Satemenna jalma aya dina rugi
Demi wanci. Satemenna jalma aya dina rugi
Iwal anu iman. Iwal anu sholeh
Nu silih wasiatan. Dina bebeneran
Iwal anu iman. Iwal anu sholeh
Nu silih wasiatan. Dina kasabaran
Ku muru waktu sakapeung jalma teu malirè kana kasalÂametan dirina jeung nu lian, contona mangsa keur di lampu beureum, pan loba anu kèlu nyÂemprung sanajan lampuna geus beureun atawa kakara konèng kènèh. Teu saeutik anu ngalumpÂatkeun mobilna di Jalan tol dina kacepetan anu diluar aturan, muru waktu. Saeutik pisan jalma anu ngautamakeun shalatna amÂbèh rinèh.
Contona waktu dahar beurang, pan ahli leleb mah ngaheulakeun dahar tibatan shalat (kaasup kurÂing). Alesanana naha rèk husu daÂhar atawa shalat cenah.
“Lamun hayang husu shalat nya kudu dahar heula, supaya dina waktu shalat henteu inget kana dahar,â€pokna tèh.
“Kumaha lamun keur daÂhar nyawa urang dicabut ku Allah, sawatara kawajiban pikeun ngadegkeun shala geus datang?†saur Ustad Dudi MauÂludi satengah nanyakeun. Aèh enya, nya, Derekdek anjeuna ngagambarkeun yèn dina sapoè sapeuting anu waktuna 1440 menit, ngan ukur “kacocèng†15 menit, lamun shalatna 3 menit. Sèsana? bisa jadi ibadah bisa ogè makasiat.
“Naha mani lolowodèh atuh ngan saukur nyisihkeun lima beÂlas menit, sawatara kani’matan anu ku Allah dipaparinkeun sarèbu opat ratus opat puluh menit dina sapoè sapeutingna. Ti mimiti ni’mat dahar, ni’mat sarè, ni’mat kiceup jeung nu lianna,â€saur Ustad Dudi tatag pisan. Padahal nepi ka sababaraÂha kali din Surah Arrohman AlÂlah negeskeun, ni’mat naon deui ti Allah anu ku maranèh rèk diÂbohongkeun? Subhanallah !
Bagi Halaman