Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

“RÈK jam sabaraha miang tèh?” ceuk Mang Dudi , mamang kur­ing ti indung, nanyakeun ka anakna anu rèk ka Ciamis, nga­luuhan anak uwa anu rèk nika­han.

“Engkè wè pa ba’da Isya, ambèh salsè. Upami wengi mah rada rinèh, tos kitu akad nikahna ogè pan tabuh sapuluhan. Jant­en kabujeng kènèh ngahadiran walimah mah,” tèmbal Kusnan­dar.

“Naha kudu bada Isya, Kus? meureun taya waktu pikeun istirahat. Kacipta capèna mawa mobil sorangan mah,”kuring nanyakeun.

“Manawi kang, hoyong shalat berjamaah Isya heula di dieu. Upami Ba’da Ashar mah, kapameng ku Magrib, ma’lum perjalanan jaman kiwari mah, seueur pisan macètna, bilih pas wanci Magrib kaleresan di ten­gah jalan,”pokna tèh. Ngadèngè jawaban kitu tèh, kuring ngarasa reueus, bungah anu aya. Tètèl ajaran bapana, nerap pisan. Sa­bab di jaman kiwari mah, asa rada langka anu ngutamakeun kawajiban ahèrat, ngadasarkeun pagawèan anu bakal dilakonan ku ngaheulakeun kawajiban anu pangutamana.

Sabab pan umumna mah anu diburuna tèh waktu, nepi loba anu ninggalkeun kawa­jiban “ngadeuheus” ka Gusti Allah. Manusa leuwih loba anu sieuneun katinggaleun ku karèta api, kapal udara, kapal laut, ku­sabab kudu gawè, jangji jeung sasamana. Tapi jangji ka Allah loba anu diluli-luli, atawa dièng­kè-èngkè, keuna ku kecap kagok.

Kagok keur nganggeuskeun pagawèan, kagok keur rapat, ah pokona mah kagok ku sa­gala urusan dunya. Loba anu rinèh, loba waktu kuasabab mè­mang kasabna teu diudag-udag teuing ku pagawèan, atawa anu geur rèngsè dina ngabaktikeun tanagana ka nagara, tapi dina palebah ibadah mah, angger wè henteu ngarasa salsè. Harianeun anu cicingna di wewengkon Ka­bupatèn Bogor, hèg boga kasab­na tèh di Jakarta, Indit samèmèh Subuh atawa janari leutik, mu­lang geus tengah peuting.

Anu aya tèh ngan meunang capèna wungkul (lamun teu di­barengan ku ibadah mah). Sabab saur Ustad Dudi, lamun diibarat­keun shalat mah angka hiji, atawa tihang agama. Jadi lamun tihang­na teu diadegkeun, angka hijina tèh leungit. Ibadah lainna tèh jadi taya nilèyna pisan, sabab rèk di­mana “disangsangkeunana”.

Waktu di jaman kiwari, jadi hiji “benda” anu kacida gedè nilèyna. Lamun ceuk bangsa deungeun, time is money, ceuk urang Sunda mah, wanci tèh mustari, mangsa anu utama. Dina Qur’an ogè jèntrè pisan, dina Suat Al –Ashar, kumaha pentingna waktu dina kahirupan manusa sapopoè.

Demi wanci. Satemenna jalma aya dina rugi