Demi wanci. Satemenna jalma aya dina rugi

Iwal anu iman. Iwal anu sholeh

Nu silih wasiatan. Dina bebeneran

Iwal anu iman. Iwal anu sholeh

Nu silih wasiatan. Dina kasabaran

Ku muru waktu sakapeung jalma teu malirè kana kasal­ametan dirina jeung nu lian, contona mangsa keur di lampu beureum, pan loba anu kèlu ny­emprung sanajan lampuna geus beureun atawa kakara konèng kènèh. Teu saeutik anu ngalump­atkeun mobilna di Jalan tol dina kacepetan anu diluar aturan, muru waktu. Saeutik pisan jalma anu ngautamakeun shalatna am­bèh rinèh.

BACA JUGA :  MUDIK MENDIDIK KITA UNTUK GAS POL SEKALIGUS SABAR DALAM HIDUP INI

Contona waktu dahar beurang, pan ahli leleb mah ngaheulakeun dahar tibatan shalat (kaasup kur­ing). Alesanana naha rèk husu da­har atawa shalat cenah.

“Lamun hayang husu shalat nya kudu dahar heula, supaya dina waktu shalat henteu inget kana dahar,”pokna tèh.

“Kumaha lamun keur da­har nyawa urang dicabut ku Allah, sawatara kawajiban pikeun ngadegkeun shala geus datang?” saur Ustad Dudi Mau­ludi satengah nanyakeun. Aèh enya, nya, Derekdek anjeuna ngagambarkeun yèn dina sapoè sapeuting anu waktuna 1440 menit, ngan ukur “kacocèng” 15 menit, lamun shalatna 3 menit. Sèsana? bisa jadi ibadah bisa ogè makasiat.

BACA JUGA :  MUDIK MENDIDIK KITA UNTUK GAS POL SEKALIGUS SABAR DALAM HIDUP INI

“Naha mani lolowodèh atuh ngan saukur nyisihkeun lima be­las menit, sawatara kani’matan anu ku Allah dipaparinkeun sarèbu opat ratus opat puluh menit dina sapoè sapeutingna. Ti mimiti ni’mat dahar, ni’mat sarè, ni’mat kiceup jeung nu lianna,”saur Ustad Dudi tatag pisan. Padahal nepi ka sababara­ha kali din Surah Arrohman Al­lah negeskeun, ni’mat naon deui ti Allah anu ku maranèh rèk di­bohongkeun? Subhanallah !

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================