Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KURANG sèhat, atawa gering, lamun dilenyepan kalayan daria tètèla ngandung hikmah anu ka­cida gèdèna, kusabab Nu Maha Kawasa, Allah SWT, kacida nyaa­heunana ka mahlukna. Boh ger­ing dina harti awak teu cageur, atawa kaayaan èkonomi kula­warga anu dicoba ku masakatan. Sakumaha anu dialaman ku salah saurang sobat kuring anu ngarasa “bungah” pèdah meunang coco­ba èta. Baheula basa keur digawè dihiji pausahaan swasta nasional, panghasilanana kawilang luma­yan, malah leuwih, bisa ngeu­reut bisa neundeun, bisa barang bèrè sagala. Salain ti boga imah dua, mobil ogè nepi ka tiluna. Hanjakalna kulantaran dikurilin­gan ku harta banda anu ngaleuya tèa, manèhna jadi loba kasem­petan pikeun migawè rucah, tur anu teu saluyu jeung agama.

“Lantaran mobil boga, duit aya, mangsa aya kasempetan pikeun ngalakukeun anu teu uni tèh, kari prak sabab sarana aya,”pokna tèh basa papanggih tas shalat Jumaahan. Atuda rèk teu kitu kumaha, awèwèna aya, duit nyampak, meureun kari ng­abiur ka salah sahiji hotel di Pun­cak. Lain ngan saukur èta wung­kul, sabab sawaktu di hotel tèh geus tangtu dicampuran ku ngi­num, inumeun anu matak ngam­abokkeun. Kalakuan kitu tèh lain ngan sakali, tapi teu kaitung. Sabab ampir unggal aya kasem­petan, teu beurang teu peuting. Kitu ogè, dina ngamuluskeun proyèk-proyèkna, anu disuguh­keun tèh anu kararitu. Padahal anu ngajalanan jeung anu nya­diakeun tèh dosana sarua.

BACA JUGA :  MUDIK MENDIDIK KITA UNTUK GAS POL SEKALIGUS SABAR DALAM HIDUP INI

“Pokona mah sagala anu dipahing ku agama mangsa hari­ta mah dipigawè, kaasup ngabo­hong ka kulawarga, majarkeun aya rapat di luar kota, padahal mah migawè kalakuan anu pa­palingpang jeung agama. Eta tèh anu kainget, encan kalakuan ka babaturan, ka konsumen, ka tatangga, ah pokona mah la­mun diinget-inget mah matak soak,”pokna tèh bari rambisak.

Tangtuna èta mah jadi lam­baran kahirupan anu geus diting­galkeun lin, pan ayeuna mah geus robah salapan puluh darajat. unggal jalma ogè boga lambaran hideung dina mangsa tukangna, nu penting mah kahareupnakeun lin?” cèkèng tèh mairan.

“Enya-enyana mah, ngan hu­sus pikeun diri sorangan sok ging­giapeun, naha tobat tèh bakal ditarima ku Gusti Allah,”pokna deui.

“Kudu yakin Allah mah Maha Welas Asih, lautan pangampura, nu penting mah taubatan nasuha tèa, jeung teu ngalakonan deui, ceuk para ustad mah.”

Ki Sobat anu ceuk manèhna kacida lamokotna ku dosa, tung­gul dirarud catang dirumpak, ay­euna mah geus babalik pikir. Kitu­na tèh sanggeus meunang cocoba anu kawilang beuratna, pausa­haan tempat digawèna bangkrut, manèhna katipo batur, nepi ka hartabandana ludes, pamajikan jeung ankna ninggalkeun, malah manèhna sorangan kaeurad ku hukum, kudu ngaringkuk di jero bui salila genep bulan.

Sabda Kangeng Rosululloh ti Anas bin Malik sakumaha anu diriwayatkeun ku Taridzi , Allah SWT ngadawuh, He Anak Ad­ama, sapanjang maranèh mènta ampun ka Kami jeung ngaharep ka Kami, ku Kami bakal diham­pura kana sagala anu geus dila­konan ku maranèh. Kami moal malirè, hè anak Adam, ibarat do­sa-dosa maranèh saluhur awan di langit, tuluy maranèh marènta ampun ka Kami, pasti dibèrè ampunan. Hè anak Adam, sae­nyana lamu maranèh datang ka Kami bari teu ngaduakeun Kamu jeung rupaning naon waè, pati Kami bakal datang ka maranèh, bari mawa ampunana anu sarua gedèna. Kitu ogè dina An-Nur : 31 Allah ngadawuh anu tarjama­han bèbasna …jeung tarobat ma­ranèh kabèh ka Allah, hè jalma-jalma nu ariman supaya maranèh meunang kauntungan,

BACA JUGA :  MUDIK MENDIDIK KITA UNTUK GAS POL SEKALIGUS SABAR DALAM HIDUP INI

“Tapi lain hartina urang ngahajakeun nyieun dosa gedè heula, karak tobatnya?” ceuk Ki Sobat bari seuri maur.

“Hè..hè.. enya jigana mah, sa­bab kumaha lamun can kaburu tobat, atawa keur ngalakonan maksiat, kaburu dicabut umur. Meureun mulang tèh ukur mawa rereged.”

“Astagfirullah…Audzubilla­himindzalik. Kawas anu baheula aya di Koran-koran tèa nya, maot di jero kamar hotel, bèjana tèh ngageunjleungkeun sarèrèa,” pok­na bari nginget nginget kajadian di salah sahiji hotel di Kota Bogor.

“Tah ayeuna mah pikeun anu kararitu tèh di dunya kènèh geus dihukuman sakurangna ku kawirang encan engkè mangsa di dunya.”

“Ah ayeuna mah asup ka bui tèh sigana geus lain aib deui, malah aya anu agul sagala.”

Bagi Halaman
============================================================
============================================================
============================================================