
lemah luhurna, lengkobna, leÂmah padataranan
Nagara mukti wibawa, perÂlambangna congkrang Kujang paÂpasangan
yasana para dèwata teu suÂlaya ti nyatana
Sanajan teu ngarti kabèh, lamun ditembangkeun hèg dipiÂrig ku kacapi jeung suling, anu kaimpleng tèh, kaayaan di Tatar Pasundan anu èndah, gunung-gunung, wahangan, tur taneuhÂna anu patingarumpak, sarta nyaritakeun kaayaan nagara anu gemah ripah.
Kawih tètèla bisa ngajak rasa meuntas ka alam sèjèn ! Matak ting sèrèdèt kana hate, ah waas wè pokona mah. Malah sakaÂpeung mah sok hayang ceurik, komo mun inget kana kalakuan sorangan mah. Komo deui lamun urang ngadèngèkeun anu tahrim mangsa mapagkeun Subuh, tuluy diajak muru kameunangan jeung shalat. Beurangna, di unggal masjid, musholla rèang ngajak Jumaahan, ngareureuhkeun sakÂabèh pagawèan pikeun nginget-nginget Allah Nu Maha Agung. Poè Jumaah nu agung. Komo deui di bulan Shaum kiwari, paÂhalana kacida badag jeung manÂglipet-lipet. Lamun di bulan biasa waè, Shalat Fajar atawa samèmèh Subuh leuwih alus tibatan dunya jeung saeusina, komo deui nu wajibna nya. Hayu ah, meungÂpeung aya kènèh waktu, meungÂpeung sèhat, meungpeung can samporèt. meungpeung hirup kènèh, urang ronjatkeun ibadah di bulan Shaum. (*)
Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================















