Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
CEUK sabagèan jalma, kawih bisa ngaleuleuykeun hatè sabab eusina lain ngan saukur nyaritaÂÂkeun kajadian-kajadian anu geus lumangsung, tapi piwuruk anu dibungkus sangkan gampang nyerep. Tadina mah teu parti perÂÂcaya, sabab, lamun nempokeun pagaliwotana jalma, sarta loba anu tonggoy (pura-pura teu ngadèngè ?) mangsa adzan Magrib geus digerokeun di unggal masjid jeung musholla, Sarèatna komo deui pan èta mah nitah manusa gancang sumujud ka Nu Maha KaÂÂwasa, ngajak manusa shalat jeung aya dina kameunangan.
Dijangjian ku Nu Maha MurÂÂbeng Alam, Nu Maha Bijaksana, loba anu jiga kurang malirè, komo deui ka manusa, Tapi henÂÂteu kituan kètang, pikeun sabaÂÂgèan jalma loba anu leuwih merÂÂhatikeun jangji atawa parèntah manusa (komo atasanana atawa dununganana) tibatan ka Nu Maha Adil. Conto leutikna wè, lamun ngahareupan atasan ataÂÂwa para gegedèn mah da moal wanieun ngan saukur makè kaos lalayu sekar anu rupana kawas pangutahan lalay, tapi mangsa rèk mayunan Allah (shalat) da kèlu makè kaos butut bari jeung geus saroèh, anu pantesna dipakèna tèh di kebon atawa di tengah sawah. Padahal waktu ibadahna tèh salsè (di imah) henÂÂteu dina kayaan darurat, misalna keur di panyabaan. Sakapeung mah rada himeng kunaon makè kitu. Rarasaan asa leuwih afdol lamun dina waktu ngadeuheus ka Nu Nyiptakeun mah, pakèan ogè husus, anu dipakèna ngan saukur pikeun ibadah. NgeuÂÂnaan kawih-kawih tèa, diantaraÂÂna ciptaan Mang Koko Koswara, mun dilenyepan hèg hate keur salsè, mani nyerep jeung asa maÂÂlik ka alam tukang. Sanajan teu sagemlengna nyaho kumaha wuÂÂjudna alam tukang anu dimakÂÂsudkeunana. Lamun nu disebut alam tukang tèh mangsa keur budak, pan teu sakabèhna apal, keur budak tèa atuh can hideng.
Sakali deui, kawih anu dicipÂÂtakeun ku Mang Koko bisa mawa implengan ka alam anu teu kungÂÂsi kaalaman, lamun nyaritakeun Bandung, meureun Bandung nu baheula, loba tatangkalan, ieuh, can pati loba jalma, anu kaayanana masih kènèh tiis ceuli hèrang panon.
Dina ngaregepkeun hiji lagu, sanajan teu ngarti kana eusina, tapi tetep bisa mangaruhan rarasaan. Da enyana atuh, kawih Love Story, Story Book Children, Killing Me Softly, Knife, sanaÂÂjan teu ngarti kana eusina, keuÂÂkeuh wè asa kabawakeun. Boh mangsa keur rumaja, komo keur ngedalkeun eusi hate ka si maÂÂnèhanana, hèg asih tèh teu repok atawa ditampik. Lagu –lagu anu nyieun bangsa deungeun waè anu teu kaharti, masih kènèh bisa mangaruhan hate sarta maÂÂmawa rasa ka alam sèjèn, komo deui beunang nyieun bangsa sorangan (Sunda) anu rasana masih kènèh sa-alam rasa. Salah sahjina kawih Sunda Mekar, beunang nyiptakeun almarhum Mang Koko anu eusina tèh kieu :
Cacandran para luluhur ,ciri bumi dayeuh panca tengah, ciri dayeuh panca tengah
lemah luhurna, lengkobna, leÂÂmah padataranan
Nagara mukti wibawa, perÂÂlambangna congkrang Kujang paÂÂpasangan
yasana para dèwata teu suÂÂlaya ti nyatana
Sanajan teu ngarti kabèh, lamun ditembangkeun hèg dipiÂÂrig ku kacapi jeung suling, anu kaimpleng tèh, kaayaan di Tatar Pasundan anu èndah, gunung-gunung, wahangan, tur taneuhÂÂna anu patingarumpak, sarta nyaritakeun kaayaan nagara anu gemah ripah.
Kawih tètèla bisa ngajak rasa meuntas ka alam sèjèn ! Matak ting sèrèdèt kana hate, ah waas wè pokona mah. Malah sakaÂÂpeung mah sok hayang ceurik, komo mun inget kana kalakuan sorangan mah. Komo deui lamun urang ngadèngèkeun anu tahrim mangsa mapagkeun Subuh, tuluy diajak muru kameunangan jeung shalat. Beurangna, di unggal masjid, musholla rèang ngajak Jumaahan, ngareureuhkeun sakÂÂabèh pagawèan pikeun nginget-nginget Allah Nu Maha Agung. Poè Jumaah nu agung. Komo deui di bulan Shaum kiwari, paÂÂhalana kacida badag jeung manÂÂglipet-lipet. Lamun di bulan biasa waè, Shalat Fajar atawa samèmèh Subuh leuwih alus tibatan dunya jeung saeusina, komo deui nu wajibna nya. Hayu ah, meungÂÂpeung aya kènèh waktu, meungÂÂpeung sèhat, meungpeung can samporèt. meungpeung hirup kènèh, urang ronjatkeun ibadah di bulan Shaum. (*)
Bagi Halaman