Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

CEUK kolot baheula, nu ayeuna ogè kètang teu pati jauh-jauh teuing, yèn lamun aya manuk sitincuing, cungcuing atawa ceuk urang Bogor mah wik-wik disada waè, teu eureun-eureun sarta teu jauh, tandana rèk aya nu maot. Sabagèan aya nu nye­butkeun, èta tèh sirik leutik,ulah dipercaya teuing. Tapi dumasar pangalaman nu karandapan, ayana manuk wik-wik tèh, bisa disebutkeun kitu.

Leuwih ti lima kali anu kaalaman pisan, malah kungsi guntreng jeung pamajikan sa­gala, Anu pangheulana tatangga tukangeun imah, ti sore kè­nèh disadana tèh mani harus pisan, manu asa dina luhureun kentèng. Rada ngahuleng ogè, sabab ceuk rarasaan asa taya tatangga anu gering parna. Mangsa peuting, bener wè, Pa Endang Suparya pupus, malah sawaktu lesna ogè dina sang­kèhan pamajikan pisan.

Nu kadua, indung soran­gan. mulang dirawat ti rumah sakit tèh, Salasana jagjag pisan, bungah puguh gè, mangsa ind­ung geus bisaeun ngais incuna tatangga. Teu kabadè ieuh mang­sa sorèna manuk cicirèn rèk aya anu ditèang ku Malaikat Izroil disada waè, hare-harè baè. Enya wè geuning kitu, Rebona ba’ada Lohor ngantunkeun.

Nu pamungkas kamari pisan, basa aya tatangga anu geus rada ripuh pisan katarajang panyakit, tipeuting kènèh nepi ka isukna siga anu “ngahajakeun” disada teu eureun-eureun. Malah bu­dak leutik anak tatangga ogè kungsi nanyakeun, èta sora ma­nuk naon cenah, sabab tara-tara ti sasari. Meneran nu ieu mah nungkulan pisan anu keur sa­karatul maot tèh, mangsa sukma leupas tina jasmani, sora manuk tèh ngaleungit, siga anu ngan­teurkeun anu rèk mulang ka ka­langgengan.

BACA JUGA :  DARI PREMAN TERMINAL, SEKDES HINGGA ANGGOTA DPRD PROVINSI JABAR

Muga-muga anu parantos mulih ka jati mulang ka asal sing dihapunten samudaya kalepa­tanna, ditampi Iman Islamna, sarta ditempateun dina rido jeung rahmat Allah SWT di alam kuburna. Lamun tèa enya, yèn manuk èta aya patalina jeung kamaotan, kayakinan urang mah kudu angger èta tèh salahsahiji kakawasaan Allah, ngiberan ka mahlukna ngeunaan datangna maot anu geus deukeut pisan. Salian ti tanda-tanda anu geus dibikeun ka manusa, kulit anu tadina kenceng jadi pèot jeung kariput, buuk anu hideung me­les geus loba anu bodasna (huis) sanajan disemir ogè ari akarna mah moal bisa dibobodo, angger wè bodas.

Panon anu tadina awas pisan geus mimiti kudu disambung, sagala kani’matan geus mimiti dikurangan. Sakabèh tanda ata­wa cicirèn ieu tèh, sabenerna sumpingna ti Allah, Nu Maha Ny­iptakeun, Nu Maha Ngusik Ma­likeun, Nu Maha Ngarejekian ka mahlukna, sangkan tetep sayaga mangsa maot datang anu teu kan­yahoan waktuna. Tapi, mungguh­ing dunya ngagoda jeung ngadoja­na tèh pan kacida rohakana, komo deui pan, sètan geus jangji bakal nyasabkeun umatna Kangjeng Ra­sul anu teu kuat imanna.

Dunya anu dipapaèsan ku rupa-rupa kasenangan, nepi ka mohokeun tugas manusa di du­nya, salian ti jadi khalifah ogè pan anu utamana mah pikeun ibadah. Ari ibadah lain ngan sau­kur shalat, puasa, munggah haji, nyieun masjid wungkul, tapi rèa pisan patalina jeung manusa, muamalah tèa. Kitu ogè nyieun dosa (leutik jeung gedè) lain sau­kur ninggalkeun shalat, henteu ngajalankeun puasa wajib, tapi leuwih ti èta.

BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN

ngagasab barang batur, nga­galaksak harta rahayat, nyieun kasupakatan sèjèn anu ngun­tungkeun dirina, ngarugikeun nu sèjèn, nambahan waragad izin ti anu sakumaha mistina bari jeung teu dikanyahokeun ku nu keur diurus izinna, kaasup kana pagawèan dosa. Nu kitu kasebut­na pupulut mèmèh mantu bari jeung teu mènta izin.

Tapi lamun geus nguruskeun nepi ka bèrès sarta aya persenan bari jeung didasaran karidoan mah, teu kaasup kana jalan anu dipahing. Soal tekenan para paja­bat anu nguntungkeun pangusa­ha jeung dirina (kusabab geus aya implikna-implikna ti heula) bari jeung teu hayang nyaho yèn rahayat tèh tingjarerit, kaasup anu kudu disinglarkeun ku para pajabat, lamun hayang salamet di dunya jeung di ahèrat.

Sitincuing sabenerna nga­jak èling pikeun saha anu ngadèngèkeun, yèn salah sahiji papastèn ti Allah geus deukeut pisan datangna. Sitincuing, cungcuing atawa manuk wikwik anu ngelak di luhureun imah tatangga, boa isuk mah di luhu­reun imah urang. (*)

Bagi Halaman
============================================================
============================================================
============================================================