Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
MANG Una (titik) ngaranna teu panjang-panjang, tapi tetep dièkahan jeung dijieunkeun buÂbur beureum bubur bodas ku indung bapana mangsa lahir, geus teu kaasup ngora, umurÂna geus satengah abad leuwih. Punjulna aya kana 6 taun mah.
Keur ngorana kaasup jalma senang, sabab kolotna jalma boga. Ngan kitu tèa, kusabab anak ngan hiji-hijina sarta diogo pisan, sagala kahayangna dituÂrutkeun, nepi ka hirupna tèh kurang jamuga. Sakolana teu bèrès sabab kalalanjoanan jadi jagoan kampung anu gawèna ubrang-abring kaditu-kadieu wungkul. Harta banda kolotna anu rèa tèh bèak dijualan, teu puguh wujudna.

Kungsi rumah tangga jeung urang tatangga lemburna, Bi Emèh, tapi teu kungsi teu lila. Bi Emèh mènta dipirak, sabab teu tahan kana kalakuan salakiÂna anu resep kènèh ngagulung kalakuan keur mangsa ngora, ubrang-abring bari jeung resep ngadu hayam. Lantaran ditingÂgalkeun ku pamajikanna, brek Mang Una tèh gering.
Imah titinggal kolotna dijual pikeun uubar. Alusna saentas kitu tèh Mang Una robah saratus dalapan puluh darajat, jadi rajin ka masjid, daèk beberesih masÂjid, adzan unggal waktu. LantaÂran katempona geus insyaf, ku Mama Ajengan Tatang Anshori Ketua DKM Al Hasanah diangkat jadi marebot sarta dibèrè kamar pikeun sarèna. Sèsana ti ngonÂgora nyaèta kawanina.
Salembur Kampung PangÂhegar mah arapaleun, kumaha wawanènna. Tah sual ieu mah tètèla teu leungit, angger pol. Sababaraha bulan katukang aya kajadian ahèng anu matak ngaÂgeunjleungkeun Kampung PanÂghegar. Harita mun teu salah mah keur jaman parebutan Piala Dunya. Pertandingan bola teu sirikna ampir unggal waktu, ti isuk nepi ka tengah peuting hayoh wè nyiarkeun maèn bola.
Sawatara tivi nu lianna ogè teu èlèh sèt, nyetel sinètron anu ramè pisan mangsa keur Magrib. Atuh dina jaman harita mah, nu baroga duit kaci meuli tipi anyar, sabab parebut nongÂton jeung pamajikanna nu leuÂwih resepeun nongton sinètron tibatan bola.