Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KEUR uplek ngobrol jeung Ki Madi ngeunaan kajadian ujian anu geus jeung kakara lumang­sung di sakuliah Nusantara. Dina tipi jeung sababaraha Ko­ran, dibèjakeun yèn aya guru jeung kapala sakola anu ngan­tepkeun muridna nyaronto. Puguh wè, jadi teu kaharti tah, kalakuan samodèl kitu tèh.

Sabab pangna dilumangsung­keun ujian bareng, bari jeung soalna sarua tèh, pikeun nganya­hokeun geus nepi ka mana uru­san pendidikan tèh. Naha geus sarua hasilna atawa kualitasna di unggal daèrah, ulah nepi ka emblog-emblogan jiga cèt anu dibahèkeun kana tèmbok.

Tapi lamun anu diudagna ngan saukur lulus wungkul bari jeung teu ngèndahkeun aturan mah, minangka totondèn yèn dunya pemdidikan tèh geus di­anggap gagal, sakurangna dina urusan ahlak. Sabab ku dian­tepkeun dina nyonto ogè, sarua jeung geus nitah murid-murid­na ngahalalkeun sagala cara, nu penting lulus. Ieu kitu gamba­ran hasil pendidikan tèh? Anu teu ngajarkeun sikep kajujuran, jeung ngatik sangkan barudak sakolana tanggungjawab kana polahna sorangan? Sabab pan meureun maranèhanana tèh dina hiji waktu mah bakal jadi pamingpin ngagantian anu ay­euna keur nyekel kalungguhan. Keur uplek, jol Ujang Kèmèd, datang tuluy milu ngariung.

“Sanès ieu tèh Ki, hoyong tumaros, seueur jalmi anu nye­batkeun ageman Sunda Wiwi­tan, èta tèh anu kawas kumaha tèa, Ki?” manèhna nanya, teu gugur teu angin, teuing kasand­ingan “jurig “ ti mana tah.

“Kabeneran pisan, euy ka­mari aya incu datang catetan ngeunaan Sunda wiwitan cenah mah meunang ngunduh tina internet, ti Wikipedia, sok tah baca sing tarik. Sakalian kami ogè hayang nyaho,”saur Aki Madi bari ngasongkeun kertas sababaraha lambar, ku Ujang Kèmèd diilo tuluy dibaca.

======================================
======================================
======================================