Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
KEUR uplek ngobrol jeung Ki Madi ngeunaan kajadian ujian anu geus jeung kakara lumangÂsung di sakuliah Nusantara. Dina tipi jeung sababaraha KoÂran, dibèjakeun yèn aya guru jeung kapala sakola anu nganÂtepkeun muridna nyaronto. Puguh wè, jadi teu kaharti tah, kalakuan samodèl kitu tèh.
Sabab pangna dilumangsungÂkeun ujian bareng, bari jeung soalna sarua tèh, pikeun nganyaÂhokeun geus nepi ka mana uruÂsan pendidikan tèh. Naha geus sarua hasilna atawa kualitasna di unggal daèrah, ulah nepi ka emblog-emblogan jiga cèt anu dibahèkeun kana tèmbok.
Tapi lamun anu diudagna ngan saukur lulus wungkul bari jeung teu ngèndahkeun aturan mah, minangka totondèn yèn dunya pemdidikan tèh geus diÂanggap gagal, sakurangna dina urusan ahlak. Sabab ku dianÂtepkeun dina nyonto ogè, sarua jeung geus nitah murid-muridÂna ngahalalkeun sagala cara, nu penting lulus. Ieu kitu gambaÂran hasil pendidikan tèh? Anu teu ngajarkeun sikep kajujuran, jeung ngatik sangkan barudak sakolana tanggungjawab kana polahna sorangan? Sabab pan meureun maranèhanana tèh dina hiji waktu mah bakal jadi pamingpin ngagantian anu ayÂeuna keur nyekel kalungguhan. Keur uplek, jol Ujang Kèmèd, datang tuluy milu ngariung.
“Sanès ieu tèh Ki, hoyong tumaros, seueur jalmi anu nyeÂbatkeun ageman Sunda WiwiÂtan, èta tèh anu kawas kumaha tèa, Ki?†manèhna nanya, teu gugur teu angin, teuing kasandÂingan “jurig “ ti mana tah.
“Kabeneran pisan, euy kaÂmari aya incu datang catetan ngeunaan Sunda wiwitan cenah mah meunang ngunduh tina internet, ti Wikipedia, sok tah baca sing tarik. Sakalian kami ogè hayang nyaho,â€saur Aki Madi bari ngasongkeun kertas sababaraha lambar, ku Ujang Kèmèd diilo tuluy dibaca.
Sunda wiwitan bisa diÂhartikeun Sunda munggaran, Sunda mimiti, asli atawa sajati nyaèta agama atawa kapercayÂaan sesembahan kana kakuaÂtan alam jeung karuhun anu diÂlakonan ku urang Sunda buhun, diantarana aya di Kanèkès, LebÂak, Banten Kidul, Sukabumi, Kampung Naga jeung Cigugur. Ceuk anu ngagemna, Sunda Wiwitan ieu geus aya samèmèh datangna agama Hindu jeung Islam. Dumasar kana kateranÂgan ti puun kampung Cikeusik mertèlakeun yèn urang KaÂnèkès lain panganut agama HinÂdu atawa Budha,tapi animisme, tapi kabèhdieunakeun kapanÂgaruhan Hindu jeun Islam.
Dina Carita Parahyangan ajaran ieu disebut Jatisunda. Ajaran Sunda wiwitan nemÂpatkeun Sang Hyang Kersa (Nu Maha Kawasa) atawa Nu Maha Kawasa ogè disebut Batara Tunggal , Batara Jagat atawa Batara Seda Niskala. Manten-NA lumahing di Buana Nyungcung, sedeng manusa jeung mahluk sèjènna nyicingna Buana Pan Tengah, sedeng anu panghanÂdapna Buana Larang (naraka).
Antara Buana Nyungcung jeung Buana Tengah, aya 18 lapis alam, pangluhurna Bumi Suci Alam Padang (alam khayangan, Mandala Hyang). Anu kadua ti luhur nyaèta tempatna Sunan Ambu Nyi Pohaci Sanghyang Asri. Sang Hyang Kersa soranÂgan nurunkeun tujuh batara ka Sasaka Pusaka Buana, anu panÂgkolotna Batara Cikal tur diangÂgap karuhun urang Kanèkès. Dasar ajaran Sunda Wiwitan nyekel dua poko nyaèta cara ciri manusa jeung ciri bangsa. Dina ciri manusa aya lima perkara, welas asih, undak usuk, tatakraÂma, budibasa jeung budaya.
Sanajan dina cara ciri bangsa basana umum, tapi dina ajaran Sunda Wiwitan aya bèdana nyaèta, rupa, adat, basa,aksara jeung budaya. SaÂkumaha aanu aya dina kitab Sunda Wiawitan nyaèta Siksa kanda(ng) Karesian. Agama ieu dina prak-prakanana ngalaman “kamajuan†pikeun ngahormat tempat-tempat anu dianggap suci jeung karamat kayaning kabuyutan anu disebut Sasaka Pusaka Buana jeung Sasaka Domas, sarta tumut kana paÂpatah dina tatanèn, dina ajaÂranana loba larangan atawa pamali. Pamali anu ceuk urang Kanèkès mah buyut tèa.
“Tah aturan-aturan ieu anu diamalkeun ku urang Baduy Jero,†Ujang Kèmèd, tuluy ngarènghap bangun nu cape. Tepi ka ayeuna, ajaran èta tèh masih kènèh diagem jeung dilakÂsanakeun, ceuk paribasana mah teu unggut kalinduhan, gedag kaangina, angger tumut tumuhu kana ajaran karuhunna baheula.
“Anu hèbatna, urang ditu mah teu wawuheun jeung silih sikut, silih hakan, silih joÂrag jeung sasamana. Bèda pisan jeung manusa ayeuna, anu ceÂnah leuwih boga adab jeung paÂlalinter.â€
Bagi Halaman