Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

MOAL lila deui, dina bulan Ok­tober anu bakal dating, di Kam­pung Budaya Sindangbarang Kabupaten Bogor bakal aya Sèrèn Taun Guru Bumi. Pikeun urang Sunda anu hirupna dina tatanèn kagiatan ieu mibanda harti anu husus. Sèrèn Taun, dumasar katerangan para kas­epuhan Bogor, teu saukur di­laksakeun di Kampung Budaya Sindangbarang jeung Urug wun­gkul, tapi di unggal dèsa jeung kacamatan di Kabupatèn Bogor dilaksanakeun, sanajan wanda jeung carana rada bèda. Anu sa­rua, tujuanna, nyaèta minangka ungkeban rasa syukur ka Gusti Allah, pèdah hasilna munel.

Ari Guru Bumi mah sigana ngan di Kampung Budaya Sin­dangbarang wungkul, dina tempat lain sigana tèh lain deui, teuing sèrèn taun naon tah. Ngeunaan Sèrèn Taun Guru Bumi, kuring kungsi ngobrol jeung Kang Ujang Hutomi anu ku Rama Maki dilandi Si Bungsu mangsa Sèrèn Taun Guru Bumi sababaraha taun kaliwat.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Numutkeun Si Bungsu dongdang ku dirina rada bèda jeung nu lian, sabab eusina tèh mangrupa siloka kahirupan manusa di alam dunya.

“Numatak ulah ditingali luarna wungkul kang,”pokna tèh bari nataan barang-barang anu aya dina dongdang bagèan handap. Di jerona aya sangu anu hartina bekel hirup, aya cai silo­ka tina sumber kahirupan, daun tujuh lapis perlambang poè tèh aya tujuh, lalab genep rupa ngagambarkeu yèn Rukun Iman aya genep, pais lauk emas lima siki, ngajirimkeun Rukun Islam, ogè aya lauk asin jumlah 20 siki, mertèlakeu sifat-sifat Nu Maha Kawasa anu duapuluh, samang­ka hiji, negeskeun yèn kaimanan ka Allah tèh kudu buleud.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

“Tah ieu tèh sabenerna ngagambarkeun papatah ti Abah ka anak-anak Abah,” ceuk Kang Ujang bari diaminan ku Abah Nadja, sepuhna. Dong­dang anu digarotong dina cara èta tèh kabèh ogè ngandung aja­ran pikeun kahirupan, sakuma­ha anu diajarkeun ku para ka­ruhunna. Kawas patung semar anu aya dina dongdangan abah Nalaktak. Semar perlambang jalma anu alus hatèna, jembar pangartina, hirupna basajan tur ngahiji jeung rahayat.

============================================================
============================================================
============================================================