“Tah imah Lurah Semar tèh nepi ka kiwari can anggeus pernahna di Batutulis,”pokna tèh. Salian ti nyebutkeun Semar imahna can anggeus ogè nyabutkeun yèn kawah Can­dradimukana Gatot Kaca aya di wewengkon Gunung Salak. Palebah dieu mah terus terang wè teu katepi ku kuring mah, jeung hanjakal waktu pikeun ngorèhanana samporèt pisan.

Dina dongdang beunang rombongan Kang Marin anu luhurna ijuk jeung parè, tètèla aya silokana. Parè ngalam­bangkeun Nyi Sri Sari Pohaci anu mangrupa sumber ka­hirupan urang dinya, sedeng ijuk anu asalna tina tangkal kawung, cicirèn yèn baheulana di wewengkon Pajajaran loba tangkal kawung.

Ayana campuran antara bu­daya wiwitan jeung kaislaman anu disimbolkeun dina dondang jeung eusi-eusi acara anu nyung­suman Sèrèn Taun Guru Bumi di Sindangbarang tèh kajawab ku Kang Ukat, anu jadi pupuhu kaamanan. Saurna, saentas Ista­na Pajajaran “burak” kitu ogè kampung Sindangbarang Puun anu aya di wewengkon dinya, milu “tilelep”.

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

Teu lami sumping Embah Jamaka ti Cirebon anu nyandak ajaran islam nepangan Eyang Saca Manggala. Dua kasepuhan ieu tèh mufakat pikeun mo­hokeun kajadian-kajadian anu kantos tumiba, sarta paheuy­euk-heuyeuk lengeun pikeun ngawangun kampung anyar.

“Tah Kampung èta tèh din­amian Babakan Lembur Tong­goh, kahirupanana Islami, budayana Sunda Wiwitan,” saurna. Numatak henteu anèh lamun Sèrèn Taun Guru Bumi anu di Sindangbarang rada bèda jeung di kampung budaya anu sèjènna. Malah lain ngan èta wungkul, di Sindangbarang tèh kabagi dua bagèan, antara kadunyaan (diguyuran ku hali­ah dunya) jeung tempat tafakur. Leupas ti pasualan èta, aya hiji “kaanèhan” anu bener-bener nyata tur perlu dititènan. Sa­kumaha dikanyahokeun, kay­aaan di wewengkon èta geus jadi wewengkon umum, lain kampung budaya kawas di tempat-tempat sèjèn kayaning di Kampung Urug, Cipta Gelar, Sukabumi, Banten Kidul, Kam­pung Naga, jrrd.

BACA JUGA :  PENYEBAB PEROKOK DI INDONESIA TERUS BERTAMBAH

Aya kasadaran budaya anu kacida ngaronjatna, atawa aya kasono ka para pamingpin anu kawas baheula kitu ? Sabab la­mun datanngna ti pihak “sèjèn” mah tandawuru kitu tatèh. Naha ieu tèh cicirèn budaya (urang) Sunda keur nguniang hudang kitu? Wallohualam bis­sawab !

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================