Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

TAS ziarah ka makam indung jeung bapa (makamna di hiji tempat) sarta mitoha duanana, sirah tèh karasa beurat pisan. Keur mah peutingna kurang sarè, urusan umur anu geus ohir mèmang geus teu bisa dis­umputkeun, atuh sadatangna ka saung panganjrekan tèh ker wè sarè. Sigana bakating ku tibra jeung nyahoeun sirah puy­eng pisan, patih goah ogè teu wanieun ngahudangkeun. Atuh Shalat Jumaah ogè kaliwat. Hu­dang-hudang jam dua beurang, èta ogè pèdah wè ucing tatangga pasèa, gandèng pisan. Bari rada sosoloyongantuluy wè kacai, cong shalat Lohor.

Alhamdulillah dina mèha hareup geus disadiakeun kopi hideung jeung seupan cau oli, dibarengan surat sacewir ti pamajikan ngabèjaan yèn ma­nèhna milu arisan di tatangga lembur di imah Haji Sukardi. Keur ngarasakeun ni’matna cikopi jeung seupan cau Oli, HP jadul tèh disada, horèng ti Ustad Dudi Mauludi, urang Kebon Pe­des. Anjeunna nanyakeun kay­aan kuring, naha cageur atawa henteu. Sabab saur anjeunna geus dua kali Kemis, kuring tara ngariung.

“Alhamdulillah Tad, ari awak mah sèhat. Anu karasa gering mah pèsak. Ngan dua malem Kemis kamari mah jadw­al tèh bentrok jeung ondangan ti tatangga nu rèk seserahan, mangka kuring kabagèan nu bèantara, wawakil ti calon pan­gantèn lalaki,” tèmbal kuring ka Ustad Dudi. Puguh wè di jaman kiwari mah, sagalana geus sar­wa cepet. Lamun hayang nyaho kaayaan nu lian, aya HP anu bisa dibawa kamamana. Praktis pisan, bisa disakuan. Baheula mah ukur aya telepon imah, kitu ogè teu sakabèh imah bogaeun, sabab harita mah, kaaysup ba­rang mèwah.

BACA JUGA :  APA ITU PATOLOGI ANATOMIK (PA)

Ziarah ka kuburan, pikeun kulawarga kuring mah geus kaasup kagiatan anu remen di­laksanakeun, lain ngan saukur rèk mapag puasa jeung lebaran wungkul, tapi unggal Jumaah. Lamun teu kaburu samèmèh Jumaah, nya saentasna. Komo ka makam mitoha mah. Sabab ngarasa dosa pisan. Ti saprak mileuleuheungkeun anakna, kuring can pernah patanya jeung duanana, mangsa nikah jeung patih goah, duanana geus taya dikieuna. Sanajan di ja­man kiwari aya sabagèan kaum anu mahing ziarah ka kuburan, pikeun kuring mah taya panga­ruhna. Kitu ogè, nu lianna, dina rèk mapag puasa, pan kayaan TPU jeung komplèk pamaka­man liannna parinuh ku nu rèk “ngaralongok” ka kulawargna, boh makam indung bapana ata­wa dulur-dulurna.

Dina Islam, hususna dina Hadist Riwayat Muslim, Burai­dah ra kantos nyanggemkeun yèn baheula Kangjeng Rasul Mu­hammad SAW, kantos mahing pikeun ziarah kubir tapi kabèh­dieunakeun mah, mangga tèh teuing.

Tah dina raraga ziarah ku­bur èta disunahkeun pikeun ngadu’akeun mayit anu aya di jero kubur, lain mènta beung­har, atawa naon waè anu sifat­na mènta. Sabab pan anu geus maot mah dina kayaan teu daya teu uapaya, teu usik teu malik, geus teu bisa nyieun amal-amal kahadèan. Kusaba kitu, dawu­han Kangjeng Rasul, ucapkeun salam sarta mugia ditepikeun ka sakumna ahli kubur, mumi­nin- muminat, muslimin-musli­mat, sarta mugia Allah maparin rahmat ka nu geus ti hareula, jeung nu bakal datang, sabab urang bakal nyarusul (HR. Muslim).

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

Kaduana pikeun ngingetan ka nu zaliarah atawa nu harirup yèn sakabèhna bakal kitu, sarta diharepkeun saentas ziarah tèh, beuki soson-soson ngeu­sian kahirupan ku amal-ama­lan anu hade nyiapkeun bekel balik. Katiluna, lamun urang ngadu’akeun ahli kubur kalayan ihlas, dua anu dibacakeun tèh bakal ngurangan siksa kubur. Ulah sotèh mènta berkah jeung bantuan ka pangeusi astana, shalat nyanghareupan kuburan, nyadiakeun susuguh, kadaharan jeung inumeun pikeun para ruh anu aya di kuburan.

“Numatak afdolna ziarah ka kuburan tèh nyaho heula hu­kumna, bisi ti kosèwad atawa ti jalikeuh, ari geus nyaho mah, nya mangga tèh teuing. Teu bèda ti supir anu kakara diajar, kudu ati-ati pisan. Ari geus gap­ah mah kamana ogè bisa nyem­prung, sabab geus nyaho aturan lalulintas,”sanggem Ustad Dudi basa ngariung dina malem Ke­mis. Kitu ogè dina urusan tatan­ya pasualan agama, alusna mah ka nu ahlina, sabab bisi kapang­gih jeung jalma anu sasab jeung resep nyasabkeun.

Bagi Halaman
============================================================
============================================================
============================================================