Hariring-Dadang-HPSABABARAHA poè deui tegesna  ti mimiti had nu bakal datang Kampung Budaya Sindangbarang  (KBS) Kacamatan Tamansari Kabupaten Bogor bakal ngalaksanakeun Sèrèn Taun Guru Bumi. Sèrèn Taun nyaèta upacara adat panèn pare masaraunkat Sunda anu dilumangsungkeun unggal taun, minangka rasa syukur ka Nu Maha Agung Allah SWT dumèh panènna geus hasil kalayan mucekil.

Aya sababaraha  Kampung Adat anu ngalaksanakan kagiatan Sèrèn Taun salian  KBS   nyaèta Desa, Kecamatan Cigugur, Kabupaten Kuningan, Kesepuhan Banten Kidul, Desa Ciptagelar, Cisolok, Kabupaten Sukabumo, Desa Kanekes, Kabupaten Lebak, Banten sarta Kampung Naga Kabupaten Tasikmalaya.Dumasar kana catetan sajarah jeung adat satempat, Sèrèn Taun geus dilaksanakeun turun tumurun, ti mimiti Karajaan Sunda Purwa tegesna ti Jaman Karajaan Pajajaran minangka cicirèn nagara Agraris atawa nagara anu kahirupan uti Pohaamana tina tatanèn. Upacara ieu asalna tina “ngamulyakeun” Dewi Parè, Nyi Pohaci N Sanghyang Asri, dina kapercayaan Sunda Kuna.

Nyi Pohaci anu dilambangkeun jadi dewi kasuburan mibanda kakuatan pikeun ngamakmurkeun  jeung nyuburkeun alam.Pasanganna Kuwera, dewa kemakmuran. Kaduana diujudkeun dina Pare Abah  jeung Pare  Ambu, ngahijina lalaki jeung awèwè, minangka symbol asuburan  jeung kebahagiaan kulawarga.  Di  Sindangbarang sorangan, kagiatan ieu  geus dimimitian ti baheula, ngan kungsi “dieureunan” dina taun 1970-an.  Ku alpukahna  Ki Ahmad Mikami  atawa Rama Maki  Sumawijaya  di taun 2006 kakara di mimitian deui.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Lamun di itung ka taun ayeuna, geus aya  sapuluh taunna, atawa 10 kali ngalumangsungkeun Sèrèn Taun Guru Bumi. Anu  pangheulana dilakonan samèmèh acara punclut nyaèta ngala cai suci ti  tujuh sumber cai anu dianggap karamat disawadahkeun satuluyna didu’akeun babarengan. Cai anu dianggap bakal mawa berkah ieu èngkèna bakal dicèprètkeun ka anu haladir dina acara  Sèrèn Taun.  Salian ti èta aya ogè sidekah kuèh, meuncit munding, anu sakabèhna bakal dibagikeun ka tamu atawa saha waè anu miluan dina kagiatan èta.

Minangka acara nu pangdidagoanna nyaèta majikeun pare ka leuit Indung atawa inten anu dimimitian ku Rama Maki, satuluyna dituturkeun ku nu lian, utamana para kasepuhan di KBS.Ramè tangtu waè ramèna mah, malah nu daratangna ogè lain urang Bogor wungkul, tapi ti saluareun Bogor ogè rèa pisan, urang bulè ogè biasana aya, sabab dumasar pangalaman samèmèhna loba pisan. Pikeun anu jarauh mah, ngahaja disadiakeun panginepan anu pernahna di wewengkon KBS. Jadi moal bakal tinggaleun acara anu geus disusun ku pihak panitia.

Geus pasti dina poè Ahad nepi ka tilu poè kahareup mah, KBS tèh bakal jadi pangjujugan, boh anu ngan hayang nyaho wungkul kumaha wujudna Sèrèn Taun, atawa para panitèn budaya  anu datang ti mana mendi. Malah  salian ti masarakat biasa aya ogè gegeden jeung kasepuhan masarakat adat minangka wawakilna, sabab antara hiji kampong budaya jeung kampong budaya sèjènna aya tatali anu ngan aranjeunna wungkul anu boga rusiahna.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Dumasar kana hasil panitènan para ahli sajarah Sèrèn Taun lain ngan saukur cirri wungkul, tapi tatali batin turunan rawayan anu disebut pancer pangawinan.Diantara kasepuhan kampong budaya pastin aya wasiat atawa warisan anu kudu dijaga sarta dina hiji waktu bakal dibukakeun. Ngan sigana tèh nepi ka ayeuna mah can meunang izin ti para karuhunna. Izinna naha mangrupa wangsit atawa pituduh anu tangtuna sumpingna ti para karuhunna, sarta ukur dipikanyaho ku nu nyarekel amanah.

Sanajan dibèjèr bèaskeun  ngeunaan Sèrèn Taun, tangtuna moal bisa ngagambarkeun kumaha beungharna jeung luhungna budaya Sunda anu aya dina acara ieu. Leuwih hade saksian nyalira ka Kampung Budaya Sindangbarang di Kacamatan Tamansari anu dimimitian dina Ahad  tanggal 17 Oktober nepi ka rèngsèna. Lantaran lumangsungna ngan sataun sakali jadi bakal hanjakal lamun teu nyempetkeun sumping ka acara ieu. Sum angga ah, urang patepang raray di KBS bari nyawang jeung ngimpleng kumaha aday kolot urang baheula, pikeun caritakeuneun ka anak incu. Sugan wè ku ningali langsung mah, nyaah ka budaya sorangan tèh jadi ngandelan, kaasup kana basa anu kudu diajarkeun ka anak incu urang. Mangga diantos kasumpinganna.

============================================================
============================================================
============================================================