Hariring-Dadang-HPHUJAN ogè aya rootna, langit ceudeum ogè aya lènglana. Kitu meureun babasaan anu cocok pikeun Ki Sobat anu salila ieu salawasan suka bungah, jigrah pinuh kabagyaan mun papanggih. Ki Sobat mah bangunna tèh teu pernah manggih katunggaraan, sarèatna  mah nya kitu pisan. Sabab dina urusan dunya barana mah, ceuk paribasana bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah. Tapi teu kitu geuning ari hokum dunya mah, sanajan di luarna mah siga nu tengtrem, tingtrim. “rumahku-sorgaku, aya wè ngaran  bancang pakèwuh mah. Kètang tong boroning manusa, pan piring waè aya pagètrèngna. Aya bèja anu nepi ka ceuli Ki Sobat yèn pamajikanna bobogohan deui jeung batur kantorna. Tapi èta ogè can puguh bènèr henteuna, ngan sigana pikeun Ki Sobat mah, ngadèngè bèja kitu tèh kawas anu ngadèngè gelap dordar mangsa tèngah poè èrèng-èrènngan.

“Eum ulah pati didèngè  teuing lamun can puguh bener henteuna, bisi fitnah ti jalma-jalma anu teu resepeun rumah tangga urang runtut raut sauyunan. Anggursi paluruh heula sing bener, ulah gurung gusuh mutuskeun hiji pasualan bari jeung sagalana encan jelas pisan.” Ceuk Ki Soma nganasèhatan basa ngariung di bumina.

“Aya parobahan teu tina sikep pamajikan?” tarosna deui. Ki Sobat gideug.

“Terus èta bèja kitu meunang ti saha?”

“SMS, Ki, ngan nomerna teu apal,” jawab Ki Sobat lalaunan pisan.

“Komo deui kitu, sumberna teu jelas. Anggursi antepkeun nu kitu mah, lain aya bèja pamajikan tèh kakara diangkat jadi manajer?”. Ki Sobat unggeuk.

“Ulah waka geruh jeung mukakeun rusiah ka mana-mana, bisi malikan ka diri anjeun jeung ka kulawarga anjeun. Anggursi sabaran nu kitu mah, bari dalidis sing tarapti,” saurna daria pisan. Kitu deui urusan panghasilan, ulah sok dibocorkeun ka nu sèjèn. Sabab leuwih urang moal mere, kurang ku batur moal ditambahan. Lamun urang mukakeun urusan dapur ka nu lian, moal jadi kahadèan. Lamun tèa mah panghasilan urang gedè, hèg kaayaan imah basajan, pasti bakal jadi omong.

“Sigana tèh boros pisan hirupna Pa Anu mah, gajih gedè, imahna kawas kitu, jaba mobilna ogè teuing taun sabaraha tah, jaman tai kotok dilebuan,”ceuk tatangga anu mèmang kurang resep. Komo deui lamun sabalikna, panghasilan teu sabaraha, imah sigrong, mobil nyantong. Padahal mobil jeung imah tèh lain tina hasil gawè, tapi warisan ti indung bapana, anu mèmang beunghar pisan.

“Tuh Kang Anu mah pastina korupsi, maenya ceuk pamajikanna gajihna ngan sakitu, bisa nyieun imah gedong bari jeung sigrong, mobilna alus. Asa pamohalan ku gajih sakitu bisa meuli anu jeung anu. Atasanna, Pa B ogè pan mobilna teu alus kawas Kang Anu, asa ku araranèh pan nya?”

Di jaman kiwari, saur Abah Soma, kulantaran gampang pisan ngiridit, loba kulawarga anu kabongroy ku rupa-rupa panawaran. Motor weuteuh waè, pan cukup ku panjer Rp 500 rèbu, ukuran saminggu motor geus ngajaogrog di imah. Kulantaran gampang pisan, nepi ka sakabèh anakna barogaeun motor, sanajan can dianggap perlu ogè.  Kitu ogè kiridit mobil sarua gampangna. Sakapeung kulantaran kurang asak jeujeuhan, kajurung ku hawa nafsu hayang katempo ku tatangga, nepi ka sakabèh barangna tèh ngahaja nu alanyar, sanajan meunang ngiridit  ogè. Teu paduli bapana kudu lembur, nèangan panghasilan tambahan, nu penting kiriditanna kabayar. Sabab mun  ngandelkeun panghasilan anu unggal bulan mah geus tangtu moal kabayar, sabab  salian ti pikeun kahirupan sapopoè ogè boga kènèh kiriditan imah anu kurang leuwih 5 bulan deui jeung cicilan bulanan urut ngomèan imah ka Bank Jabar.  Tah pikeun kulawarga anu maksakeun hayang boga banda bari jeung ripuh pisan, nepi ka ngengesèk salakina asup kana paribasa, Totopong Heureut Dibèbèr-bèbèr. Lamun ceuk basa ayeuna mah besar pasak daripada tiang, Nu kitu mah ngaranna nyiksa diri sorangan, sabab mangsa cicilanna barengan mayarna pan kudu mutur uteuk, nèangan duit pikeun mayarna.

“Numatak hirup mah basajan wè, ulah maksakeun teuing,”saur Abah Soma ka kuring jeung Ki Sobat.