Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
ABONGKÈNA ayeuna mah geus sarwa instant atawa sarwa cepet, sagala tèh hayang sarwa cepet atawa sarwa èkpres, hariÂaneun ari palebah mobil, karèta api atawa kapal udara mah. Tapi ari urusan sèjèn mah ulah atuh, kawas anu keur papacanÂgan. Kèna-kèna geus ditandaan anu nandakeun yèn datangna si lalaki ka imah awèwèna tèh geus meunang panyatujuan boh kulaÂwarga lalaki atawa awèwèna.
Cohagna kulawarga lalakiÂna geus datang ka kulawarga awèwèna pikeun maheutkeun jangji, ngatur tanggal pikeun unggah ka bale nyungcung. Sanajan enya ogè geus kitu, tapi pan masih kènèh lain muhrim lamun can duanana dirèndèngÂkeun, sarta dinikahkeun ku kolot awèwèna, bari jeung aya mahar, sarta saksi-saksi ti dua peulah pihak, bari kajadian èta tèh disaksian ku patugas panyaÂtet nikah ti KUA. Sarta kadituna meunang SIM, surat idzin monÂdok jeung pagawèan sèjènna.
Tah surat sakti ieu (anu mangrupa pangwujudan tina pagawèan anu geus dilakonan) anu bisa ngahalalkeun anu haÂram. Barudak kiwari mah, dina urusan nu kararitu tèh mani palinter pisan, sababaraha buÂlan kaliwat, pan geunjleung loba kapanggih alat kontrasèpsi di jero wangunan under pass Jalan Pajajaran. Tah dumasar kana pangalaman èta, saujratna kudu ngajadikeun alesan pikeun ngaÂronjatkeun kawaspadaan.
Sabab sasatna gedong koÂsong tèh geuning bèda kagunaaÂnana baheula jeung ayeuna tèh. Lamun baheula mah dijadikeun sayang atawa pamiceunan jurig anu teu kadeuleu, ayeun mah jurigna tèh ngajelegedeg. Kawas anu dicaritakeun ku tukang sapu, basa isuk-isuk beberesih gedong kosong, naha bet subuh-subuh aya sababaraha pasang “jurig†anu tas marondok di dinya.
Kitu deui di tempat-tempat anu paroèk kawas di Leuweung Cifor deukeut Situ Gedè, geunÂing ayeuna mah loba dicicingan manusa. Munasabah wè lamun dina mangsa kiwari loba baruÂdak sakola anu kasurupan babaÂrengan (massal), loba jurig anu narèangan tempat panyicingan sabab tempat maranèhanana disaroro ku manusa.
Lamun babeula kungsi kaÂcaritakeun yèn astana tèh anÂgker sabab tempat kuburan jalma, ayeuna mah antara kuÂburan jeung tempat manusa tèh ngarèndèng, malah sakaÂpeung mah, “maranèhanana†ngarèlèhan, tempatna dipindahÂkeun, digalusur pikeun kapentÂingan jalma hirup.