Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

ABONGKÈNA ayeuna mah geus sarwa instant atawa sarwa cepet, sagala tèh hayang sarwa cepet atawa sarwa èkpres, hari­aneun ari palebah mobil, karèta api atawa kapal udara mah. Tapi ari urusan sèjèn mah ulah atuh, kawas anu keur papacan­gan. Kèna-kèna geus ditandaan anu nandakeun yèn datangna si lalaki ka imah awèwèna tèh geus meunang panyatujuan boh kula­warga lalaki atawa awèwèna.

Cohagna kulawarga lalaki­na geus datang ka kulawarga awèwèna pikeun maheutkeun jangji, ngatur tanggal pikeun unggah ka bale nyungcung. Sanajan enya ogè geus kitu, tapi pan masih kènèh lain muhrim lamun can duanana dirèndèng­keun, sarta dinikahkeun ku kolot awèwèna, bari jeung aya mahar, sarta saksi-saksi ti dua peulah pihak, bari kajadian èta tèh disaksian ku patugas panya­tet nikah ti KUA. Sarta kadituna meunang SIM, surat idzin mon­dok jeung pagawèan sèjènna.

Tah surat sakti ieu (anu mangrupa pangwujudan tina pagawèan anu geus dilakonan) anu bisa ngahalalkeun anu ha­ram. Barudak kiwari mah, dina urusan nu kararitu tèh mani palinter pisan, sababaraha bu­lan kaliwat, pan geunjleung loba kapanggih alat kontrasèpsi di jero wangunan under pass Jalan Pajajaran. Tah dumasar kana pangalaman èta, saujratna kudu ngajadikeun alesan pikeun nga­ronjatkeun kawaspadaan.

Sabab sasatna gedong ko­song tèh geuning bèda kagunaa­nana baheula jeung ayeuna tèh. Lamun baheula mah dijadikeun sayang atawa pamiceunan jurig anu teu kadeuleu, ayeun mah jurigna tèh ngajelegedeg. Kawas anu dicaritakeun ku tukang sapu, basa isuk-isuk beberesih gedong kosong, naha bet subuh-subuh aya sababaraha pasang “jurig” anu tas marondok di dinya.

Kitu deui di tempat-tempat anu paroèk kawas di Leuweung Cifor deukeut Situ Gedè, geun­ing ayeuna mah loba dicicingan manusa. Munasabah wè lamun dina mangsa kiwari loba baru­dak sakola anu kasurupan baba­rengan (massal), loba jurig anu narèangan tempat panyicingan sabab tempat maranèhanana disaroro ku manusa.

Lamun babeula kungsi ka­caritakeun yèn astana tèh an­gker sabab tempat kuburan jalma, ayeuna mah antara ku­buran jeung tempat manusa tèh ngarèndèng, malah saka­peung mah, “maranèhanana” ngarèlèhan, tempatna dipindah­keun, digalusur pikeun kapent­ingan jalma hirup.