Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

RADA bingung ogè basa Ujang Wono nanyakeun naon bèdana birokrasi sipil jeung militèr, sabab da saenyana kuring mah teu pernah nyaho pasti kana urusan èta.

Ngan untungna kaburu aya Ki Sobat, Kang Engkos anu remen maca Koran, jeung mukaan internet, sakurangna rada nyay-nyayan kana nu kararitu tèh, sanaja can tangtu sagemlengna bener ogè.

Sabab manèhna ogè lain ahlina, ukur sakadar nyaho sigana mah. Mangkaning saur Kangjeng Rasul la­mun rèk tatanya atawa nempatkeun hiji jalma tèh kudu ka ahlina, lamun henteu dagoan wè kaancuranana.

“Ieu mah babalèdogan wè, sugan keuna,”ceuk Kang Engkos.

“Enya naon tah?”cèkèng tèh pa­nasaran.

“Mun nitènan kajadian kajadian anu eunggeus-enggeus jeung caritaan ti sababaraha jalma, bèdana tèh dina militèr mah, taya anak buah anu salah atawa bodo, lamun èta anak buahna nyieun kasalahan, èta kasalahan kom­andanna cenah. Numatak, lamun aya kasalahan di anak buahna, sok kom­andanna kahareup, nangkes sagala kasalahan, bari sanduk-sanduk mènta dihampura,”

“Ari birokrasi sipil?”

“Biasana sok nyalahkeun bawahanana, ti kepala nepi ka panghan­dapna. Anu dikorbankeun tèh pagawè panghandapna tèh, malah sok dijieun kèkèsèd.

Sabab nu panggampangna tèh, beberesih leungeun bari nèan­gan embè hideung tèa. Mangsa disusul tepus, alesanana tèh pan juklak-juknisna geus dibèjaan, kitu cenah,”tèmbal Ki Ujang Asmu ban­gun nu enya.

BACA JUGA :  Kecelakaan Maut di Tol Kalanganyar, Bus Eka Seruduk Truk hingga Tewaskan 1 Penumpang

Rada ngahuleng ogè basa ngadèngè jawaban Ki Sobat tèh. Naha bener kitu, sabab sigana tèh teu sakabèhna kitu, aya ogè dian­tarana pajabat birokrasi anu ngaku yèn kasalahan tèh mutlak kasalahan dirina salaku pamingpin anu kurang mere arahan ka anak buahna.

Sanajan loba anu neumbleuh­keun ka bawahanana. Dina paribasa Sunda nyebutkeun ciri sabumi cara sadèsa, hartina bèda bangsa bèda budaya atawa paripolahna.

Di Nagara Sakura Jepang remen kacaritakeun mangsa aya paming­pin anu gagal dina ngalaksanakeun pancènna, biasana sok tuluy ngun­durkeun diri, malah saking ku èra­na, nepi ka hara kiri, maot ku cara maèhan manèh kusabab ngarasa èra.

Geus pasti cara kitu tèh teu saluyu jeung adat sarta agama urang, sabab maot dina kaayaan kitu tèh naraka jahanam bagèanana.

Di Malaysia, cenah kitu ogè, la­mun aya pamingpin anu salah ngi­tung, atawa salah nerapkeun kawi­jakan sok buru-buru dititah eureun, dianggapna kurang mampu. Lamun diteruskeun tur meunang tanggung­jawab anu leuwih gedè, dianggapna bisa ngabahayakeun.

Di urang? rada bèda tah, sanajan nyieun kasalahan, boro-boro ngun­durkeun diri, anggursi kalah kasrak-kusruk, nèangan pamuntangan. Malah teu saeutik anu ngagunakeun èlmu bangkong tèa, anu handap ditincak, sagigireun atawa satata disieuhkeun saluhureun disembah-sembah, sangkan salamet.

Geus kitu mangsa nyieun kasala­han tèa, jajauheun tina ngèncagkeun jabatanana.

BACA JUGA :  Shin Tae-yong Optimis Timnas Indonesia Menang Lawan Korea

“Lamun kuring mundur dina waktu kieu, sarua jeung teu tanggung jawab, pengecut, lumpat tina tang­gung jawab,”kitu jawabna tèh.

Naha enya kitu? Tapi kètang ulah waka suudzon, boa teuing enya niat­na tèh kitu. Atawa bisa ogè sieuneun kaleungitan jabatanana, sabab lamun geus teu jadi pajabat mah, sagala fasilitas anu dibikeun ku pamarèn­tah tèh nungtut laleungitan, ti mim­iti tunjangan, mobil, jeung nu sèjèn-sèjènna.

Sababaraha kajadian di wewengkon urang, leuwih deukeut kana nyalahkeun sahandapeun bari ngagunakeun jurus sabun colèk. Teu kudu dibèjèrbèaskeun naon kajadia­nana, pastina ogè pada apal lah, komo anu sok maraca Koran jeung nongton telepisi mah.

Salian ti èlmu sabun colèk anu pangmatihna tèh jurus gegeringan, lain ucing gering. Mangsa rèk dica­lukan ku nu berwajib pikeun nang­gungjawabkeun paripolahna, hayoh ngadon gering.

Padahal alesan èta tèh ukur sa­heulaanan, teu saendengna. Dina enyana ogè, leupas tina jiretan hu­kum dunya, bari ngagunakeun sagala cara, pan di Pangadilan Akhir mah, mangsa biwirna rapet, sungutna dibekem, moal aya nu bisa ngabè­laan.

Nu bakal cacarita ukur leungeun jeung anggota awak lianna. Kitu ogè urusan duit bakal ditanyakeun ti mana asalna jeung dipakè naon salila di alam, dunya tèh. Moal bakal aya nu kaliwat, sagalana lengkep pisan. (*)

============================================================
============================================================
============================================================