Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
SALAH sahiji ciri hiji lembur atawa kampung tèh lain ngan saukur kabudayaan atawa kasÂÂenian wungkul tapi ogè bisa dirarampa tina kadaharanna. Lamun rbudaya diwakilan ku Sèrèn Taun, sakumaha anu reÂÂmen dilaksanakeun di Desa KaÂÂnèkès, Banten, Cipta Gelar BantÂÂen Kidul, Kampung Naga, Tasik Malaya jeung di Desa Cigugur Kabupaten Kuningan.
Su’al èta mah tètèla di Bogor ogè rèa pisan, ti mimiti Kampung Urug Kacamatan Sukajaya jeung di Kampung Sindangbarang KaÂÂcamatan Tamansari, ogè remen dilaksanakeun di Desa Malasari Kacamatan Nanggung jeung di Barengkok Leuwiliang, di KaÂÂcamatan Jonggol. Malah mun teu salah mah di Kacamatan Cijeruk ogè osok dilaksanakeun.
Hanjakalna, boh anu di JongÂÂgol atawa anu di Kacamatan Cijeruk, teu kapanggih raratanÂÂna. Naha seren taun di dua kaÂÂcamatan ieu sarua jeung anu di Kampung Budaya Urug atawa di Kampung Budaya SindangÂÂbarang? Sigana tèh perlu aya panalungtikan ku pihak-pihak anu raket patalina jeung urusan ieu, hususna Dines Kabudayaan jeung Pariwisata Kabupatèn BoÂÂgor.
Sabab dumasar kana kaayaan Kabupatèn Bogor anu pangeuÂÂsina hirup tina tatanen (agraris), bisa jadi kabiasaan sèrèn taun jeung sidekah bumi anu manÂÂgrupakeun ciri mandiri wewengÂÂkon agraris pastina aya di mana-mana. Bukti liana lamun Bogor wewengkon agraris, salian ti loÂÂbana lembaga panalungtikan ogè sakola jeung paguron luhur aya di Bogor.
Pamilihan Bogor jadi puraÂÂsaba Karajaan Sunda Galuh (PaÂÂjajaran) ku Sri Baduga Maharaja, Raja Pajajaran mangsa harita, sigana teu leupas tina dua hal, tempatna strategis jeung taneuhÂÂna subur, sabab Bogor mah teu wèlèh aya hujan sanajan mangsa usum halodo. Sèrèn Taun soranÂÂgan dumasar kana etimologi basa, pituin basa Sunda, sèrèn hartina serah, taun mah nya taun wè. Jadi Sèrèn Taun hartina, seÂÂrah taun anu kaliwat kana taun anu bakal datang.