Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
Tadina mah, rada males kudu ka Balèkota isuk-isuk tèh, sabab panon mani karasa cepel pisan. Hawa tunduh masih ngagayot dina juru panon, saÂbab tadi peuting tas ngabungÂbang nepi ka isuk, lalajo semi final maèn bal antara Jerman jeung Spanyol. Teu rugi, sanaÂjan kudu nahan pitunduheun ogè, sabab Spanyol meunang. Enya geuning maèn bal mah, rada hèsè diteguh, disangka meunang kalah kèok, dianggap bakal èlèh.èh maènna kawas anu kaasupan sètan.
Kulantaran anu nelepon tèh Kang Teddy SAO, nya bari tunduh-tunduh ogè makÂsakeun nemonan pamundut anjeunna. Enya wè datang ka nu dijugjug tèh geus loba jalma, tangtuna para pangurus PaÂguyuban Pasundan Kota Bogor. Bèrès ngadeuheus ka Pa Wali, sakabèh pangurus ngarumÂpul di sekretariatna, biasa wè nyawalakeun anu bakal dipiÂgawè atawa ceuk gagahna mah nyusun program ka hareup. Sabab sababaraha poè nu bakal datang, pangurus anyar bakal diistrènan. Ari kuring mah nya kitu tèa, lauk buruk milu mijah, resep ruang-riung jeung palang-pulung. Ngalaksanakeun piwuÂruk sepuh, yèn silaturahmi tèh salian ti manjangkeun umur ogè bisa nambahan rejeki.
Saur Kang Teddy SAO, salah saurang pangurus Paguyuban Pasundan anu idek liher dina dunya pendidikan jeung kaÂsundaan, Allah nyiptakeun sagalana sapasang-sapasang. Aya beurang aya peuting, aya awèwè aya lalaki, bungah jeung bagya, hirup jeung maot.
Tah karuhun Sunda ogè kitu, resepna tèh kana papasanÂgan, sabab lamun teu kitu meuÂreun moal aya urang jeung moal aya kolot urang,. sanggemna. Euh meureun anu dimaksudÂkeun anjeunna tèh urusan jodo. Leres pisan atuh kang, urusan èta mah, malah lain ngan ukur sapasang tapi seueur anu mung sanès hiji, sanajan sarangkep ogè, pan aya nu hiji pikeun dua, tilu nepi ka opatna, anu gaduh kawantun mah, bari jeung yaÂkin bisa adil pikeun babagina mah nya hè.hè..hè. Lain ngan saukur babagi nafkah lahir wunÂgkul kayaning ngaimahan, ngÂabajuan, maraban tapi nafkah batin ogè kang nya.