Sabab nu sèjèn mah, henteu nepi ka kitu ieuh, nepi ka aya istilah Juragan (Mantri) Guru, sanajan anu jadi guruna tèh lain ti kalangan mènak. Lain ngan di sakola wungkul tapi di masarakat ogè pan Juragan Guru tèh ditem­patkeun dina “kasta” anu sajajar jeung para mènak.

Kabèhdieunakeun saentas, aya gulidag kapitalis anu nempat­keun harta banda disaluhureun sikep jeung paripolah, Guru geus kurang pati dihargaan, nepi ka Iwan Fals mah nyiptakeun tokoh Umar Bakri, Guru anu geus ny­iptakeun ratusan jalma pinter, ti mimiti pangusaha, para mentri, jeung nu sèjènna, sedeng kaay­aan manèhna masih kènèh piha­watireun.

Tah dina jaman materi (har­ta banda) dijadikeun patokan pikeun ngukur darajat manusa, kayaan èkonomi para guru anu teu sabeunghar para pangusaha jeung profèsi sèjènna, panghar­gaaan ka para guru tèh moro­sot pisan. Ceuk bohongna mah, dina pawayangan ogè, hiji-hijina profèsi anu bogaeun dèwa tèh ukur guru, nyaèta Batara Guru. Sabab teu aya Batara Pangusaha, Batara Padagang atawa Batara Presiden.

BACA JUGA :  APA ITU PATOLOGI ANATOMIK (PA)

Numatak kacida alusna lamun tèa mah Pamarèntah dina hal ieu Kamentrian Pendidikan Nasional, ngayakeun sertifikasi anu satu­luyna dijadikeun dasar pikeun nambahan panghasilan para guru ngaliwatan tunjangan profèsi.

Maksudna mah sangkan sawaktu keur ngajar atawa nga­didik tèh pikiranana henteu man­cawura kamamana. Sabab, dina panangan para guru ieu, sau­jratna bangsa ieu ditangtukeun, naha ngan saukur ngahasilkeun generasi anu saukur pinter wun­gkul atawa mibanda ahlak talajak anu hadè tur budaya anu luhung. Sugan ku ayana nu kitu mah, hasilna tèh bakal leuwih alus nya!

BACA JUGA :  BERGERAK BERSAMA, MELANJUTKAN MERDEKA BELAJAR

Sabab, kumaha ngajarna rèk soson-soson jeung daria, lamun di imahna pabeulit ku urusan ekonomi. Jadi inget ka Pa Kus­wandi, guru PPKN jaman kuring keur di SMP. nepi ka jadi tukang ojeg kusabab panghasilanna sal­aku guru teu nyukupan.

Pa Kuswandi teu ngarasa minder mangsa nyaritakeun ka murid-muridna, yèn ulah ngarasa hina atawa boga pikiran gorèng lamun papanggih jeung dirina keur ngojeg. (*)

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================