Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

ASA diingetan, anu heureuy samangsa tarawèh tètèla lain budak wungkul, tapi kolot ogè aya, alesanana tèh am­bèh henteu tunduh cenah. Tah tatang­ga kuring anu ayeuna geus pindah ka wewengkon Kabupatèn Bogor tèh, dina urusan heureuy mah teu èlèh ku budak ngora. Bisi jadi matak tur kaa­sup kana ngomongkeun, urang sebut wè Ki Lamsijan.

Mèmang dina sapopoèna ogè Ki Lamsijan tèh katelah tukang heureuy, malah baheula mah nepi kacaritakeun bisa ngubaran parabot lalaki anu geus leumpeuh atawa teu kuateun “adu re­geng”, kètang kaasupna tèh kaired ku omongan sorangan. Lamun ditanya ku sasaha, Ki Lamsijan nèmbalanna tèh cukup ku bawa wè ka imah cenah.

Atuh isukna tèh ngabring jalma anu rèk uubar rupa-rupa panyakit. Padahal lamun geus kitu, Ki Lamsijan mah tara aya di imah. Tah lamun keur babarengan hèg ngarendeng jeung manèhna, ati-ati, sabab pasti kana di­heureuyanana. Contona lamun keur tahiyat ahir, di Musholla lembur mah, tarawèhna tèh 20 rakaat, curukna anu ngacung tèh lain anu katuhu wungkul tapi duanana jeung nu kènca bari teu daèk cicing.

Lamun teu kitu mangsa keur sujud sikuna tèh nyoro tempat anu di sagi­gireunana, nepi ka ngahalangan anu rèk sujud. Ah, pokona mah rupa-rupa pisan heureuyna tèh. Tapi tara unggal peuting, lamun geus datang mangsa alimna, manèhna tara daèakeun di shaf tengah, cicingna di pangsisina bari jajaran hareup ambèh henteu bisa diheureuyan. Aèh ampir poho neruskeun hanca anu kamari tèa, nga­haja tas Shalat Ashar tèh nganjang ka bumina Ustad Maman, hanjakalna keur suwung, ngan aya titipan am­plop di istrina.

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

Barang dibuka brèh wè catetan ngeunaan fadilah shalat Tarawèh tè, diantaran eusina tèh kieu. Dina malem kasalapan, ibadah urang disa­ruakeun jeung saolah-olah sakumaha anu dilaksanakeun ku Kangjeng Nabi Muhammad SAW, sedengkeu malem ka sapuluhna, Allaj=h SWT ngaruni­aan ka jalma anu ngalakonan shalat Tarawèh kahadèan di dunya jeung ahèrat. Dina malem ka sabelas, èta manusa kaaayanana kawas orok anu kakara digubragkeun ka alam dunya tina rahim indungna. Saterusna dina malem ka dua belas, inyana datang dina poè kiamat tur rupana siga keur dina bulan purnama.

Sedengkeun dina malam katilu belasna bisa ngamankeun dirina dina mangsa kiamat datang tina sagala kagorèngan. Sawatara malem ka opat belas, para malaikat datang pikeun nyaksuan yèn èta manusa geus migawè Tarawèh, sarta Allah moal bakal nga­hisab dina poè kiamat. Hèbatna la­mun urang migawèna dina malem ka lima belas, didu’akeun ku para malai­kat anu mamanggul Arsy jeung Kursi, malah malem satuluyna Allah netep­keun yèn èta manusa dibèbaskeun tina naraja sarta asup surga.

“Wah panjang kènèh pisan geun­ing bacaeun tèh, mangka kudu ka pas­ar heula, meuli bahan pibukaeun,” ceuk gerentes hate. Lamun dibaca bari leumpang, kumaha lamun nyèng­gol batur, heug manèhna teu narima, meureun jadi pipasèaeun, pan teges pisan lamun urang teu bisa nahan hawa nafsu, diantarana ngambek tèa, meunangna tèh ukur hanaang jeung lapar wungkul, sabab pahala puasana geus (di)ruksak ku urang sorangan.

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

“Enya isukan wè ah, dituluykeu­nana ah, da bahanna geus aya ieuh, kari nuliskeun wungkul,”ceuk dina hate. Di pasar mah tètèla puasa tèh teu nepi sabulan, sabab dina poè ka­tilu ogè geuning geus loba anu baruka alias godin. Anu hèbatna (atawa pikas­ebeleun) aya tukang dagang ngalaya­nanana tèh, bari jeung dina biwirna tèh nogèl udud euweuh kaèra.

Sedengkeun anu balanjana ibu-ibu, bari jeung mamawa anak anu keur diajar puasa. Urang mèmang teu bisa nerapkeun hukum ka nu migawè kitu, sabab jawabna tèh Hak Asasi Manusa cenah bari ditambahan ku alesan teu saur jeung keur teu ngeu­nah awak cenah.

Jelas anu bisa tèh ngan saukur ner­apkeun sanksi atawa hukuman sosial nyaèta ulah ngabalanjaan anu tukang dagangna jelas-jelas teu puasa atawa teu ngahargaan anu puasa. Kitu ogè lamun nempo supir angkot ngelepus leuwih hade teu naèk mobil èta, la­mun kapalang keur naèk mending buru-buru turun. Bisa kitu nya?

Bagi Halaman
============================================================
============================================================
============================================================