Ki Sobat anu ceuk manèhna kacida lamokotna ku dosa, tung­gul dirarud catang dirumpak, ay­euna mah geus babalik pikir. Kitu­na tèh sanggeus meunang cocoba anu kawilang beuratna, pausa­haan tempat digawèna bangkrut, manèhna katipo batur, nepi ka hartabandana ludes, pamajikan jeung ankna ninggalkeun, malah manèhna sorangan kaeurad ku hukum, kudu ngaringkuk di jero bui salila genep bulan.

Sabda Kangeng Rosululloh ti Anas bin Malik sakumaha anu diriwayatkeun ku Taridzi , Allah SWT ngadawuh, He Anak Ad­ama, sapanjang maranèh mènta ampun ka Kami jeung ngaharep ka Kami, ku Kami bakal diham­pura kana sagala anu geus dila­konan ku maranèh. Kami moal malirè, hè anak Adam, ibarat do­sa-dosa maranèh saluhur awan di langit, tuluy maranèh marènta ampun ka Kami, pasti dibèrè ampunan. Hè anak Adam, sae­nyana lamu maranèh datang ka Kami bari teu ngaduakeun Kamu jeung rupaning naon waè, pati Kami bakal datang ka maranèh, bari mawa ampunana anu sarua gedèna. Kitu ogè dina An-Nur : 31 Allah ngadawuh anu tarjama­han bèbasna …jeung tarobat ma­ranèh kabèh ka Allah, hè jalma-jalma nu ariman supaya maranèh meunang kauntungan,

BACA JUGA :  JELANG LAGA MALAM INI, TIMNAS VS AUSTRALIA

“Tapi lain hartina urang ngahajakeun nyieun dosa gedè heula, karak tobatnya?” ceuk Ki Sobat bari seuri maur.

“Hè..hè.. enya jigana mah, sa­bab kumaha lamun can kaburu tobat, atawa keur ngalakonan maksiat, kaburu dicabut umur. Meureun mulang tèh ukur mawa rereged.”

BACA JUGA :  DARI PREMAN TERMINAL, SEKDES HINGGA ANGGOTA DPRD PROVINSI JABAR

“Astagfirullah…Audzubilla­himindzalik. Kawas anu baheula aya di Koran-koran tèa nya, maot di jero kamar hotel, bèjana tèh ngageunjleungkeun sarèrèa,” pok­na bari nginget nginget kajadian di salah sahiji hotel di Kota Bogor.

“Tah ayeuna mah pikeun anu kararitu tèh di dunya kènèh geus dihukuman sakurangna ku kawirang encan engkè mangsa di dunya.”

“Ah ayeuna mah asup ka bui tèh sigana geus lain aib deui, malah aya anu agul sagala.”

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================