Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
LAMUN urang nitènan kana kawih-kawih ciptaan urang SunÂda, diantarana Bimbo Doel SumÂbang, hèg ngadèngèkeunana bari rinèh, atawa dilenyepan, sakaÂpeung sok hayang seuri soranÂgan. Boh ciptaan Bimbo atawa Doel Sumbang, duanana mibanÂda kritik atawa kateupanujuan. Bèdana, lamun Bimbo mah sindir sampir, Doel Sumbang mah togÂmol. Lagu Tante Sun, saujratna nyindiran ka kaum hawa anu roÂbah adat jadi pangusaha suksès bari sagala dipigawè.
Geura wè titènan rumpakaÂna, dina “bisnisna†mani sagala dicabak ti mimiti batu jamrud, berlian jeung karikil emas nepi ka besi beton. Meureun ieu mah, Bimbo ngiritik manusa awèwè anu geus nyalahkeun emansipasi anu kaleuleuwihi tur disalahharÂtikeun ku kaum hawa. Padahal lamun nurutkeun kana qudratna, pamingpin mah angger wè lalaki.
Sabab pikeun anu geus jadi pamajikan jeung indung tina anak salakina, aya katangtuan anu panggampangna pikeun asup surga, malah saratna ogè ngan tilu. Kahiji, daèk ibadah, kadua ngajaga kahormatan, pangahirna tumut ka salakina.
Di dieu jelas pisan, lamun udaganana kabagyaan dunya ahèrat, nya tilu sarat èta kudu ditedunan. Lagu lianna ti Bimbo kènèh, nyaritakeun kumaha masÂgulna, hiji rumaja anu apèl ka imah kabogohna. Rumpakana ceuk kuring mah monès pisan, sabab ngawakilan dua kaayaan anu patukangtonggong. Ceuk rumaja lalaki dina kawihna BimÂbo nyaritakeun kieu :
Paling sebel sama calon mertua, yang tak ngerti acara anak muda
Paling sebel sama calon mertua kita apèl selalu diawasinya
Paling mangkel itu calon mertua, sudah malam tak mau tidur juga
Kita pulang pacaran tak berkesan, di langit ada bulan berkata oh.. kasihan