Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

LAMUN urang nitènan kana kawih-kawih ciptaan urang Sun­da, diantarana Bimbo Doel Sum­bang, hèg ngadèngèkeunana bari rinèh, atawa dilenyepan, saka­peung sok hayang seuri soran­gan. Boh ciptaan Bimbo atawa Doel Sumbang, duanana miban­da kritik atawa kateupanujuan. Bèdana, lamun Bimbo mah sindir sampir, Doel Sumbang mah tog­mol. Lagu Tante Sun, saujratna nyindiran ka kaum hawa anu ro­bah adat jadi pangusaha suksès bari sagala dipigawè.

Geura wè titènan rumpaka­na, dina “bisnisna” mani sagala dicabak ti mimiti batu jamrud, berlian jeung karikil emas nepi ka besi beton. Meureun ieu mah, Bimbo ngiritik manusa awèwè anu geus nyalahkeun emansipasi anu kaleuleuwihi tur disalahhar­tikeun ku kaum hawa. Padahal lamun nurutkeun kana qudratna, pamingpin mah angger wè lalaki.

Sabab pikeun anu geus jadi pamajikan jeung indung tina anak salakina, aya katangtuan anu panggampangna pikeun asup surga, malah saratna ogè ngan tilu. Kahiji, daèk ibadah, kadua ngajaga kahormatan, pangahirna tumut ka salakina.

Di dieu jelas pisan, lamun udaganana kabagyaan dunya ahèrat, nya tilu sarat èta kudu ditedunan. Lagu lianna ti Bimbo kènèh, nyaritakeun kumaha mas­gulna, hiji rumaja anu apèl ka imah kabogohna. Rumpakana ceuk kuring mah monès pisan, sabab ngawakilan dua kaayaan anu patukangtonggong. Ceuk rumaja lalaki dina kawihna Bim­bo nyaritakeun kieu :

Paling sebel sama calon mertua, yang tak ngerti acara anak muda

Paling sebel sama calon mertua kita apèl selalu diawasinya

Paling mangkel itu calon mertua, sudah malam tak mau tidur juga

Kita pulang pacaran tak berkesan, di langit ada bulan berkata oh.. kasihan

Malem Minggu kelabu lesu su­dahlah tentu….jstna.

Sigana si rumaja lalaki tèh teu beubeunangan, teuing naon tah, anu kungsi bobogohan mah pastina surti kana kaayaan èta. Sawatara, calon mitoha, pangna kudu dibarengan sarta diawaskeun mangsa anakna bo­bogohan tèh, kusabab hariwan­geun. Sabab mangsa dua mahluk bèda jinis duduananan, pastina sok disandingan ku sètan.

BACA JUGA :  REFLEKSI HARI PENDIDIKAN NASIONAL: REPRESI SISTEM PENDIDKAN DALAM BENTUK KOMERSIALISASI

Tapi bobogohan samodèl kitu tèh, sigana geus teu jaman, sabab mun pareng urang waktu tengah peuting (komo malem Ahad mah) di sababaraha tem­pat, boh di wewengkon Sempur, di Jambatan Ring Road Bogor Utara, jeung di tempat lianna, loba anu keur daruaan. Nilik kana umurna mah, teu jauh ti ba­rudak sakola, atawa paling luhur ogè mahasiswa.

Pastina ogè keur barobo­gohan, nyacapkeun kasono. Sabab lamun geus salaki pama­jikan moal daèkeun teuing, dud­uanana dina motor bari jeung tengah peuting, katiris-tiris jeung digulung reungit. Anu ngagam­barkeun kaayaan manusa poho ka temah wadi, Doel Sumbang Nyamuk- Nyamuk yang nakal tèa.

Malah mun pareng ngabubur di Jambatan Mèrah, antara jam dua-jam tilu janari, loba pisan awèwè ngora anu kakara da­ratang teuing tas arulin ti mana. Dangdanana ogè, matak molotot. Sakapeung mah rada teu kaharti tah, naha teu sieuneun asup an­gin kukulayaban tengah peuting, bari pakèanana tèh teu nutupan bujal jeung nengahan pimp­ing (calana hotpan), geus kitu kaluhurna tank top.

BACA JUGA :  HALAL BIHALAL HANYA ADA DI INDONESIA DAN BANYAK MANFAATNYA

Lamun Bimbo cukup ku sin­dir sampir, Doel Sumbang mah leuwih poksang, narjamahkeun kajadian anu dialamanana, nepi ka boga urusan jeung pihak ber­wajib. Salah sahiji laguna, sawak­tu aya anu salah jalan (asup ka anu diverboden) di tengah Kota Bandung, satuluyna ditilang polisi.

Dina rumpakana, Doel Sum­bang ngalaporkeun kalakuan polisi tèh ka Kapolda Jawa Barat. Wah pokona lamun ngaregep­keun rumpakana, matak beu­reum ceuli. Salian ti èta mun teu salah pernah ogè aya urusan jeung Koramil satempat, gara-ga­ra laguna, anu dianggap heuras teuing ngiritik pamarèntahan.

Rada longgar ngomong, saentas di nagara urang aya re­formasi, anu pikeun sabagèan mah dijadikeun kasempetan pikeun ngaluarkeun kateupanu­juanana. Ngan hanjakalna saka­peung. sok di luar wates ètika. Atawa mèmang kudu kitu, sabab lamun ku cara sopan mah, sok tara didarèngè.

Loba para pajabat anu ceu­lina ipis pisan sarta ambek saku­lit bawang. Padahal mun bener mah gawèna, pastian ogè moal aya kateupanujuan nya ! Tapi kabèhdieunakeun ceulina kalah ngandelan, lamun teu “anarkis” tara dianggap atawa didèngè, sanakan kadituna kudu nyangha­reupan hukum ogè !

Bagi Halaman
============================================================
============================================================
============================================================