Panon anu tadina awas pisan geus mimiti kudu disambung, sagala kani’matan geus mimiti dikurangan. Sakabèh tanda ataÂwa cicirèn ieu tèh, sabenerna sumpingna ti Allah, Nu Maha NyÂiptakeun, Nu Maha Ngusik MaÂlikeun, Nu Maha Ngarejekian ka mahlukna, sangkan tetep sayaga mangsa maot datang anu teu kanÂyahoan waktuna. Tapi, mungguhÂing dunya ngagoda jeung ngadojaÂna tèh pan kacida rohakana, komo deui pan, sètan geus jangji bakal nyasabkeun umatna Kangjeng RaÂsul anu teu kuat imanna.
Dunya anu dipapaèsan ku rupa-rupa kasenangan, nepi ka mohokeun tugas manusa di duÂnya, salian ti jadi khalifah ogè pan anu utamana mah pikeun ibadah. Ari ibadah lain ngan sauÂkur shalat, puasa, munggah haji, nyieun masjid wungkul, tapi rèa pisan patalina jeung manusa, muamalah tèa. Kitu ogè nyieun dosa (leutik jeung gedè) lain sauÂkur ninggalkeun shalat, henteu ngajalankeun puasa wajib, tapi leuwih ti èta.
ngagasab barang batur, ngaÂgalaksak harta rahayat, nyieun kasupakatan sèjèn anu ngunÂtungkeun dirina, ngarugikeun nu sèjèn, nambahan waragad izin ti anu sakumaha mistina bari jeung teu dikanyahokeun ku nu keur diurus izinna, kaasup kana pagawèan dosa. Nu kitu kasebutÂna pupulut mèmèh mantu bari jeung teu mènta izin.
Tapi lamun geus nguruskeun nepi ka bèrès sarta aya persenan bari jeung didasaran karidoan mah, teu kaasup kana jalan anu dipahing. Soal tekenan para pajaÂbat anu nguntungkeun pangusaÂha jeung dirina (kusabab geus aya implikna-implikna ti heula) bari jeung teu hayang nyaho yèn rahayat tèh tingjarerit, kaasup anu kudu disinglarkeun ku para pajabat, lamun hayang salamet di dunya jeung di ahèrat.
Sitincuing sabenerna ngaÂjak èling pikeun saha anu ngadèngèkeun, yèn salah sahiji papastèn ti Allah geus deukeut pisan datangna. Sitincuing, cungcuing atawa manuk wikwik anu ngelak di luhureun imah tatangga, boa isuk mah di luhuÂreun imah urang. (*)