Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KAULINAN “on line” anu ayeu­na keur ngageunjleungkeun du­nia jeung nagara urang nyaėta Pokemon Go. Di mana-mana, hususna di kota-kota gedė, jal­ma nepi ka ngaharaja kumpul di sababaraha tempat pikeun moro monster pokemon. Malah Badan Intelijen Indonesia, teges pisan mahing maėnkeun kaulinan ieu, di tempat-tempat strtegis yhususna tempat anu raket patalina jeung rusiah nag­ara. Malah sababaraha waktu kaliwat, salah sahiji Kapolres nepi ka ngumpulkeun alat ko­munikasi (HP) anak buahna, bisi aya polisi anu maėn poke­mon, tina sajumlah HP anu “dis­ita” aya tilu anu mibanda sarta sering maėn pokemon.

Dumasar kana catetan ti Kang Wikipedia Pokemon salah sahiji pausahan waralaba media anu dipibanda ku pausahaan permainan video Nintendo jeung diciptakeun ku Satoshi Tajiri dina taun 1995. Pokémon sorangan mangrupakeun seri pamaėnan video pangsuksesna kadua di dunia saentas serial Mario anu ogé diciptakeun ku Nintendo. Sawatara dibanding­keun jeung nu lian.

Pokemon mangrupa serial waralaba panglarisns di dunia saentas James Bond (beunangna Ian Fleming) sarta Transform­ers (Hasbro), tur masih dialusan terus saluyu jeung kaayaan ja­man. Pokemon sorangan loba pisan jinisna timimiti kaulinan video, anime, manga, trading cards, buku, kaulinan jeung loba deui. Ngaran Pokémon mangrupa ngaran romanisasi tina ngaran Jepang “Pocket Monsters” (Poketto Monsutā?).

BACA JUGA :  APA ITU PATOLOGI ANATOMIK (PA)

Di bulan November 2005, 4Kids Entertainment anu jadi distributor Pokémon di luar Je­pang ngumumkeun yén manéh­na moal bakal manjangkeun kontrakna, ahirna The Pokémon Company Jepang nyiptakeun anak pausahaan di Amerika ngaranna The Pokémon Com­pany International tugasna jadi distributor sakaligus nu nyekel saham isensi Pokémon pikeun wewengkon di saluareun Asia kaasup di Afrika.

Dina bulan Juli 2016, kaulinan telepon pinter anu ng­aranna Pokémon Go ditepikeun ka masarakat Generasi per­mainan video saterusna nyaéta Pokémon Sun and Moon bakal dikaluarkeun dina November 2016. Pokemon Go anu ayeuna jadi sabiwir hiji, bėdana jeung kaulinan sėjėn kusabab nu ieu mah, nu maėnna tėh kudu kadi­tu-kadieu, ngudak monster, anu hartina aya olahragana diband­inkeun jeung kaulinan “games” sėjėnna anu ukur cicing di hare­upeun layar monitor

Kaulinan on line atawa ji­nis hiburan sėjėnna anu bisa dipaėnkeun dina HP, komo HP ayeuna mah loba pisan aplika­sina, sigana tėh geus ngabaku di mana-mana, HP ayeuna mah geus jadi babaturan anu geus teu bisa ditinggalkeun dina ukuran menit malah det­ing kėtang, sigana tėh tibatan tinggaleun shalat jalma leuwih hariwang tinggaleun HP. Lamun tinggaleun HP, hariwangna tėh teu bisa diubaran, iwal ti HPna kabawa deui. Dina HP ayeuna mah, bisa dipakė nyimpen ru­siah. Numatak, lalaki anu re­sep “ngumpulkeun” awėwė nu lian, sok remen maėhan HP-na lamun keur aya di imah. atawa anu dihirupkeun mah nomer anu hiji deui.

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

HP, bisa jadi batur kesel mangsa keur sorangan, utamana ngadagoan pasėn di rumah sakit, atawa keur naėk angkot, karėta api sarta nu liana. Tapi HP ogė bisa ngaruksak ibadah, sabab loba pisan barudak ngora (kaa­sup nu dėwasa), diarulinkeun mangsa Khatib keur aya di mim­bar, sawatara maranėhana nga­jawab WA tina HPna. Malah loba ogė anu maėnkeun “games”, mangsa keur jumaahan bari ngadagoan waktuna shalat. Tapi aya ogė anu ngajadikeun HP, jadi tempat ibadah, diantarana dipakė maca Al Qur’an, kusabab aya aplikasi bacaan Qur’an dina alat anu dibawana.

Sabenerna alat atawa naon waė, gumantung kana nu makėna, atawa ceuk basa deungeunna mah The Man Behind The Gun, tapi disgėdėngeun ėta, aya ogė anu jelas-jelas mėmang pikeun kaperluan maksiat kayaning inumeun anu ngamabokkeun, pan ėta mah mėmang keur urusan nu kararitu. Jadi pikeun urang mah mending kėnėh nga­jauhan sabab nu kitu mah geus pasti ngamadaratkeurn. (*)

Bagi Halaman
============================================================
============================================================
============================================================