Home Opini Today Heureuy Nayaga jeung Rinèka Wayang

Heureuy Nayaga jeung Rinèka Wayang

0
188

Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

NGUMPUL jeung para nayaga boh samangsa keur nabeuh, atawa keur salsè, sawaktu dalang keur ngajrèkjrèk, ngu­linkeun golèkna, tètèla loba pisan pulunganeunana, ti mimi­ti pangalaman nabeuh, boh anu pikasediheun atawa pikabunga­heun. Komo deui palebah heu­reuyna mah, anu tangtu bèda jeung banyolan rahayat umum­na. Para nayaga anu keur mang­gung, biasana sok ngagunakeun sèsèbrèd nyaèta paparikan anu eusina babanyolan jeung silih poyokan anu kecapna matak pi­kaseurieun. Kajadianana tèh sa­mangsa pintonan wayang golèk can make juru kawih (sindèn). Sabot dalang reureuh, para nay­aga tèh sok motah, ngagamelan bari kakawihan, pilihgenti.

Tong daèk ka Leuwigoong, mending gè balik ka Banjar, Tong daèk ka tukang goong, ari balik tara mayar. Tah èta tèh ceuk tukang saron, tuluy dibales ku tukang goong; Ulah daèk nyangu aron,nyangu dina sèèng kosong, Ulah daèk ka nu nyaron nu nyaron sok gedè bohong

Dina ngungkabkeun katuge­nah ogè para nayaga boga cara husus, kawas dalang anu sok ngagunakeun Si Cepot jeung sabangsa buta sèjènna, mang­sa di panggung geus taya kopi atawa taya lalawuh. Basana tèh basa heureuy deuih, sana­jan kadèngèna pikaseurieun, ngan pikeun nu boga hajat mah,matak rada beureum ogè. Biasana mah sok buru-buru ni­tah pangèjèg (purah babantu di tempat hajatan) pikeun ne­dunan kahayang anu keur di panggung. Tah lamun teu adil, dina babagina, nepi aya anu teu kabagèan, atawa aya anu hawek nepi ka nu sèjèn teu kabagèan para nayaga ogè boga sisindiran husus.

Nu ngampar- ngampar nu nabeuh- nabeuh Nu lapar-lapar nu seubeuh- seu­beuh Paparikan di luhur, bisa ditujukeun ka pamingpin anu teu adil dina babagi atawa ceuk basa ayeuna mah kudu profes­sional jeung proporsional.

Hartina, dina ngabagikeun hancak ulah cueut ka nu beure­um pontèng ka nu konèng, ulah kèna-kèna baraya, meunang bagèan leuwih ti misti, sanajan gawèna henteu loba. Tah ngeu­naan wayang golèk èta, awalna mah aya nu nyaritakeun yèn asalna tèh ti India, tapi ieu ogè taya bukti anu nguatkeun la­mun ti nagara èta tèh.

Bener, ari sumber caritana mah kayaning Mahabrata jeung Ramayana, asalna ti India. Ngan saentas dilumangsungkeun panalungtikan leuwih jauh, para ahli nyimpulkeun yèn sae­nyana wayang tèh asli beunang nyiptakeun urang Indonèsia, alesanana taya hiji ogè pintonan anu sarupa dina budaya bangsa sèjèn.

Wayang boh golèk, kulit jeung nu sèjènna mangrupa gambaran kahirupan dunya anu saujratna sakumaha aya dina paribasa Sunda nyaèta wayang sakotak, dalangna ngan hiji, anu hartina sanajan sakumaha lobana jalma di dunya, Pan­geranna ngan ukur hiji, nyaèta Allah Nu Maha Kawasa.

Tètèla jinis wayang tèh loba pisan diantarana, wayang cepak ti Indramayu anu ayeuna geus nepi ka lima generasi dimi­mitian Ki Pugas, Ki Warya, Ki Koja, Ki Salam sarta ayeuna di­tuluykeun ku Ki Akhamadi anu yuswana parantos 63 taun.

Salian ti wayang cepak aya ogè Wayang Beber, Wayang Calonarang, Wayang Gedog, Wayang Golek, Wayang Kancil, Wayang Klitik, Wayang Madya , Wayang Menak , Wayang Kulit, Wayang Orang , Wayang Papak, Wayang Parwa, Wayang Sadad, Wayang Sasak,Wayang Suluh, Wayang Ukur, Wayang Wa­hyu, Mayapada Indah Wayang Golek, jeung anu anyar pisan anu diciptakeun ku urang Bo­gor, tegesna nonoman Sunda ti Curug Mekar, Kacamatan Bo­gor Barat, namina Ki Adi Drajat nyaèta Wayang Awi.

Dina mere ngaranna ogè Ki Adi ieu, teu nyaruaan ngaran-ngaran sakumaha anu digunak­eun dina wayang golèk, salah sahijina Ijot, anu ngawakilan hiji istri “pikasebeleun” tukang heureuy, nyaritana plus-plos, tara didingding kelir tapi mer­lambangkeun kajujuran jeung kabersihan hate. Si Ijot anu dija­dikeun maskotna, biasana mah dieusian ku pesen-pesen moral, ngomongna siga nu heureuy tapi ngeusi.

Kulantaran umurna can lila, tangtu perlu rojongan anu daria ti sakumna urang Sunda, sangkan Wayang Awi ieu leu­wih dipikawanoh. Saujratna, tangtuna kudu milu reueus, sa­bab ieu tèh diciptakeunana ku nonoman ngora pituin urang Bogor. Ceuk paribasana mah kendang geus dipadungdung­keun, tarompèt geus ditiup, tinggal der, sok ah !

(tina sababaraha sumber)