Sanajan kitu, di salua­reun melak pare, osok ogè di­maènkeun mangsa ngubaran pare, anu lilana tilu bulan saentas melak. Sedengkeun salila genep bulan saterusna dipahing pisan pikeun dipaènkeun. Malah dina ngasupkeun angklung ogè, teu meunang sambarangan, aya aturanana, anu disebut musung­keun angklung tèa. Dina mint­onkeun hiburanana ogè biasana di buruan atawa tempat anu lega mangsa caang bulan.

Kawih anu ditembangkeu­nana diantarana, Lutung Kasa­rung, Yandu Bibi, Yandu Sala, Ceuk Arileu, Oray-orayan, Deng­dang, Yari Gandang, Oyong-oyong Bangkong, Badan Kula, Kokoloyoran, Ayun-ayunan, Pileuleuyan, Gandrung Manggu, Rujak Gadung, Mulung Muncang, Giler, Ngaranggeong, Aceukna, Marengo, Salak Sadapur, Rangda Ngendong, Celementre, Keupat Reundang, jrrd. Ngaran-ngaran angklung di Kanekes ti mimiti anu panggedèna nyaèta angklung indung, ringkung, dongdong, gunjing, engklok, indung leutik, torolok, dan roel. Bedug anu pan­gpanjangna, bedug, talingtit, dan ketuk.

BACA JUGA :  APA ITU PATOLOGI ANATOMIK (PA)

Sedeng di wewengkon Bogor tegesna di Kampung Cipining Ka­camatan Cigudeg aya anu disebut Angklung Gubrag. Numutkeun kat­erangan Abah Rusèn carita disatu­kangeunana kawilang ahèng. An­gklung Gubrag geus aya di jaman Karajan Pajajaran, sakurangna dina abad ka 16. Anu nyiptakeu­nana, nyaèta Buyut Muhtar, anu harita mah pamuda anu belejag kènèh, dina kaayaan buta tulang buta daging. Dina mangsa harita, kaayaan di wewengkon sabudeu­reun dinya ngalaman halodo anu kacida lilana, leuwih ti katiga, ta­neuh sawah bareulah, tatangkalan pararaèh, wahangan ngolètrak, harianeun sumur mah geus saat caina.

Muhtar anu harita pemuda kènèh cenah mah meunang pi­tuduh pikeun “tapa” di salah sa­hiji gunung anu aya di weweng­kon dinya lilana 40 poè. Cenah mah Nyi Pohacina bendu. Bèrès mujasmedi, anjeunna meunang pituduh pikeun nyieun angklung. Singket caritana angklungna tèh bèrès wèh dijieun, tuluy ku sa­babaraha urang angklung tèh di tabeuh, teu kungsi lila gubrag wè hujan badag.

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

tah ti harita angklung beu­nang nyiptakeun Buyut Muhtar tèh dingaranan Angklung Gubrag anu tujuanana ngadatangkeun hujan. Angklung Gubrag anu dijieun tina awi hideung, sana­jan umurna geus ratusan taun, barangna masih kènèh beleger disimpen di salah sahiji bumi katurunan Buyut Muhtar di Kam­pung Cipining Dèsa Argapura Ka­camatan Cigudeg. Malah nepi ka ayeuna ogè masih kènèh mibanda kaahèngan, pikeun katurunana. Nu jelas mah, angklung ieu man­grupa titinggal budaya anu luhur ajènna. (*)

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================