Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

CEUK urang Batawi, atawa Ja­karta, banjir anu tumiba ka wewengkonna tèh kusabab kiri­man ti Bogor. Beuh naha kitu nya? Tapi kètang teu salah-salah teuing, tapi lain urang Bogor, maksudna mah kaayaan alam di Bogor anu leuwih luhur ti­batan Jakarta wè, panyababna mah nya.

Da kitu tèana mah sifatna cai, nèangan tempat anu leuwih handap. Komo deui, usum ngi­jih kieu, ceuk tina bèja ti Koran jeung televise, aru ku lila-lila teuing jeung badag mah teu burung kakeueum, ari semet mumuncangan mah, komo deui lamun ditambahan ku cai anu ngugugudag.

Di Bogor, sakurangna aya dua wahangan, anu lumpat­na ka Beulah “Wètan”, kahiji Cisadanè kaduana Ciliwung. Ciasadanè, oh ceuk Pantun Bo­gor arawa hasil panalungtikan urang Walanda anu kungsi da­rang ka wewengkon Tatar Pak­uan geus aya ti baheulana. Dina salah sahiji situs dicaritakeun yèn Cisadanè tèh hartina bodas atawa suci jadi Cisadanè tèh cai anu disucikeun.

Eta mah baheula jigana tèh mangsa caina hèrang beresih, bisa dipakè mandi jeung koko­jayan. Jaman harita mah loba ba­rudak (ayeuna mah loba nu jadi pajabat jeung geus parangsieun) anu ngalun, boh dina ban atawa gètèk. Sanajan cenah nyabab­keun banjir, Cisadanè tèh loa pisan gunana, caina dijadikeun bahan utama pikeun salah sa­hiji pausahaan cai daèrah di wewengkon Tangerang.

Geus ti babaheulana, mangsa jaman Walanda ngajajah urang, wahangan Cisadanè digunakeun ku bangsa Kumpeni. Sakapeung Cisadanè tèh sok ngamuk, uta­mana mah lamun hujan di gi­rangna teu eureun-eureun.

Wahangan anu kadua nyaèta Ciliwung anu dina Pan­tun Bogor mah disebutna tèh Cihaliwung. Dina taun 1657, disebutkeun dina sastra Sunda anu mangrupa guguritan yèn Ciliwung tèh asalna tina ngaran salah sahiji raja di Karajaan Sun­da, nyaèta Sang Haliwungan atawa Prau Susuk Tunggal, pu­trana Maharaja Wastu Kancana anu gaduh prameswari Dèwi Lara Sarkati putrina salah sahiji Resi di Lampung.