Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

CEUK urang Batawi, atawa Ja­karta, banjir anu tumiba ka wewengkonna tèh kusabab kiri­man ti Bogor. Beuh naha kitu nya? Tapi kètang teu salah-salah teuing, tapi lain urang Bogor, maksudna mah kaayaan alam di Bogor anu leuwih luhur ti­batan Jakarta wè, panyababna mah nya.

Da kitu tèana mah sifatna cai, nèangan tempat anu leuwih handap. Komo deui, usum ngi­jih kieu, ceuk tina bèja ti Koran jeung televise, aru ku lila-lila teuing jeung badag mah teu burung kakeueum, ari semet mumuncangan mah, komo deui lamun ditambahan ku cai anu ngugugudag.

Di Bogor, sakurangna aya dua wahangan, anu lumpat­na ka Beulah “Wètan”, kahiji Cisadanè kaduana Ciliwung. Ciasadanè, oh ceuk Pantun Bo­gor arawa hasil panalungtikan urang Walanda anu kungsi da­rang ka wewengkon Tatar Pak­uan geus aya ti baheulana. Dina salah sahiji situs dicaritakeun yèn Cisadanè tèh hartina bodas atawa suci jadi Cisadanè tèh cai anu disucikeun.

Eta mah baheula jigana tèh mangsa caina hèrang beresih, bisa dipakè mandi jeung koko­jayan. Jaman harita mah loba ba­rudak (ayeuna mah loba nu jadi pajabat jeung geus parangsieun) anu ngalun, boh dina ban atawa gètèk. Sanajan cenah nyabab­keun banjir, Cisadanè tèh loa pisan gunana, caina dijadikeun bahan utama pikeun salah sa­hiji pausahaan cai daèrah di wewengkon Tangerang.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

Geus ti babaheulana, mangsa jaman Walanda ngajajah urang, wahangan Cisadanè digunakeun ku bangsa Kumpeni. Sakapeung Cisadanè tèh sok ngamuk, uta­mana mah lamun hujan di gi­rangna teu eureun-eureun.

Wahangan anu kadua nyaèta Ciliwung anu dina Pan­tun Bogor mah disebutna tèh Cihaliwung. Dina taun 1657, disebutkeun dina sastra Sunda anu mangrupa guguritan yèn Ciliwung tèh asalna tina ngaran salah sahiji raja di Karajaan Sun­da, nyaèta Sang Haliwungan atawa Prau Susuk Tunggal, pu­trana Maharaja Wastu Kancana anu gaduh prameswari Dèwi Lara Sarkati putrina salah sahiji Resi di Lampung.

Aya ogè nu nyebutkeun yèn hiji waktu bakal loba jelema Liwung (bingung), kana jati dirina, kusabab dilindih ku ngudag-ngudag kabutuhan hir­up. Padahal Ciliwung ratusan taun katukang, diparuji bangsa deungeun, hususna dina abad ka 15 jeung ka 16. Ciliwung katelah wahangan anu èndah, caina hèrang jeung bersih, tur ngamalir di tengah-tengah kota.

Mangsa harita loba pada­gang anu ngagunakeun wa­hangan ieu jadi jalan pikeun ngalaksanakeun jual-beuli, sakurangna bisa dipakè ku 10 kapal dagang anu muatanana nepi ka 100 ton. Malah sumber sèjèn nyebutkeun caina bisa diasupkeun kana botol pikeun kaperluan sapopoè. Teu salah lamun Jean Baptiste Taviner urang Francis anu resepna la­layaran sarta anu ngamimitian perdagangan di India nyebut­keun (1605-1689) nyebutkeun yèn Ciliwung caina pangalusna tur pangberesihna sadunya.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

Dumasar kana panalungti­kan dina taun 1701, di girangeun hulu Ciliwung geus ditaluaran, teu anèh lamun di jaman ki­wari, anu “dikirimkeun” tèh lain ngan saukur cai wungkul tapi jeung “bukurna” kayaning taneuh jeung runtah. Lain ngan ti Bogor, sakumna wewengkon anu kaliwatan, sarua miceun kokotorna ka Ciliwung, teu mu­nasabah lamun nepi ka hilir, beuki rujit.

Sabab lain di girang wun­gkul di panungtunganana ogè sarua waè. Malah bisa disebut­keun Ciliwung mangrupa wah­angan pamiceunan runtah anu pangpanjangna sadunya. Ngan lamun didalidis kalayan daria, tètèla anu ngagalaksak tèh, pan urang ditu kènèh, utamana mah anu loba duitna.

Ngan saukur pikeun ngagu­gulung “hawa nafsuna” pikeun istirahat jeung nyeuseup hawa seger, boh di wewengkon Pun­cak atawa di Gunung Salak, aranjeunana tèh pan kaci nga­luarkeun duit nepi ka milyarna. Lamun ditanyakeun villa-villa saha anu aya di Bogor, jawabna tèh gaduh Pa Anu, anu jadi anu, urang Jakarta.

Lamun geus kitu pan hèsè pisan pikeun ngabèbèrèsna dina enyana ogè dilaksanakeun pastina mèakeun waragad anu gèdè. Tapi ulah ngarasula, sabab diantara musibah anu tumiba pastina aya pèpèling, pikeun nu ngarandapan jeung nu nempona, sabab loba jalma anu geus pohoeun ngucapkeun jeung teu daèkeun ngaku kana sagala kani’matan anu dipa­parinkeun ku Gusti Allah. Fabi­ayyi ala lirobkuma tukadziban !

Bagi Halaman
============================================================
============================================================
============================================================