Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

MANG Una (titik) ngaranna teu panjang-panjang, tapi tetep dièkahan jeung dijieunkeun bu­bur beureum bubur bodas ku indung bapana mangsa lahir, geus teu kaasup ngora, umur­na geus satengah abad leuwih. Punjulna aya kana 6 taun mah.

Keur ngorana kaasup jalma senang, sabab kolotna jalma boga. Ngan kitu tèa, kusabab anak ngan hiji-hijina sarta diogo pisan, sagala kahayangna ditu­rutkeun, nepi ka hirupna tèh kurang jamuga. Sakolana teu bèrès sabab kalalanjoanan jadi jagoan kampung anu gawèna ubrang-abring kaditu-kadieu wungkul. Harta banda kolotna anu rèa tèh bèak dijualan, teu puguh wujudna.

Kungsi rumah tangga jeung urang tatangga lemburna, Bi Emèh, tapi teu kungsi teu lila. Bi Emèh mènta dipirak, sabab teu tahan kana kalakuan salaki­na anu resep kènèh ngagulung kalakuan keur mangsa ngora, ubrang-abring bari jeung resep ngadu hayam. Lantaran diting­galkeun ku pamajikanna, brek Mang Una tèh gering.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

Imah titinggal kolotna dijual pikeun uubar. Alusna saentas kitu tèh Mang Una robah saratus dalapan puluh darajat, jadi rajin ka masjid, daèk beberesih mas­jid, adzan unggal waktu. Lanta­ran katempona geus insyaf, ku Mama Ajengan Tatang Anshori Ketua DKM Al Hasanah diangkat jadi marebot sarta dibèrè kamar pikeun sarèna. Sèsana ti ngon­gora nyaèta kawanina.

Salembur Kampung Pang­hegar mah arapaleun, kumaha wawanènna. Tah sual ieu mah tètèla teu leungit, angger pol. Sababaraha bulan katukang aya kajadian ahèng anu matak nga­geunjleungkeun Kampung Pan­ghegar. Harita mun teu salah mah keur jaman parebutan Piala Dunya. Pertandingan bola teu sirikna ampir unggal waktu, ti isuk nepi ka tengah peuting hayoh wè nyiarkeun maèn bola.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

Sawatara tivi nu lianna ogè teu èlèh sèt, nyetel sinètron anu ramè pisan mangsa keur Magrib. Atuh dina jaman harita mah, nu baroga duit kaci meuli tipi anyar, sabab parebut nong­ton jeung pamajikanna nu leu­wih resepeun nongton sinètron tibatan bola.

============================================================
============================================================
============================================================