Eusi wangsit Siliwangi, ceuk para kasepuhan, lamun dititènan kalayan daria, kacida nyeplesna jeung nu kaalaman ku nagara urang. Ti mimiti gunta-gantina Presiden nepi bakal ayana Budak Angon anu cicingna di birit leuwi sarta pantone batu satangtung. Saba­gian diantarana yakin bakal aya Pajajaran Anyar, lain Pajajaran baheula jeung kiwari, tapi anu saluyu jeung obahna jaman. Tah ngeunaan Pajajaran Anyar anu dimaksud, sigana tèh moal kaalaman nu harirup ayeuna, boa anak jeung incu urang dina jaman anu mana boa. Sabagian diantarana deui, negeskeun Pa­jajaran anu dimaksudkeun nya anu keur dialaman.

Sakumaha dicaritakeun dina wangsit anu nyebutkeun, samèmèh ngahyang nyaèta; lalakon urang nepi kadieu, na­jan dia kabèhan ka ngaing pada satia. Tapi ngaing teu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hir­up jadi balangsak, ngilu hirup jadi rudin bari lapar. Dia kudu marilih pikeun hirup kahareup­na, supaya engè jagana, jembar senag sugih mukti, bisa ngade­gkeun deui Pajajaran, lain Paja­jaran anu kiwari tapi Pajajaran Anyar, nu ngadegna digeuing­keun ku obah jaman. Pilih !, ngaing moal ngahalang-halang, sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi raja, anu somah sakabèhna, lapar baè jeung bal­angsak, jst…

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

Kalimah lalakon urang nepi ka lebah dieu, bisa dihartikeun rupa-rupa, naha lalakon Prabu Siliwangi wungkul atawa lala­kon urang Sunda? Sabab ti ja­man harita, tacan aya urang Sunda anu manggung nepi ka punclut kakawasaan, ukur no­mer dua. Harepan pikeun ka­hareupna, ceuk sabagèan anu yakin kana wangsit èta, aya kènèh budak angon anu keur didaragoan, bakal ngarajaan le­mah cai ieu.

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

Perkara naha bakal gemuh deui? Sakurangna aya sim­penan harta kakayaan anu dititipkeun di alam, nyaèta ti mimimiti di sapanjang Gunung Halimun, Palabuhan Ratu jeung wewengkon Pakidulan Cianjur (Lebak Cawènè. Anu kudu di­perhatikeun tèh dina urusan ngokolakeunna, ulah nepi ra­grag ka jalma anu teu bener, sakumaha anu diamanatkeun dina UUD 45, Pasal 33 ayat 3, anu mertèlakeun yèn bumi, cai jeung kakayaan anu aya di jero­na dikawasaan ku7 nagara sarta sagedè-gedèna pikeun kamak­muran rahayat. (*)

Halaman:
« ‹ 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================