Dina Islam, hususna dina Hadist Riwayat Muslim, BuraiÂdah ra kantos nyanggemkeun yèn baheula Kangjeng Rasul MuÂhammad SAW, kantos mahing pikeun ziarah kubir tapi kabèhÂdieunakeun mah, mangga tèh teuing.
Tah dina raraga ziarah kuÂbur èta disunahkeun pikeun ngadu’akeun mayit anu aya di jero kubur, lain mènta beungÂhar, atawa naon waè anu sifatÂna mènta. Sabab pan anu geus maot mah dina kayaan teu daya teu uapaya, teu usik teu malik, geus teu bisa nyieun amal-amal kahadèan. Kusaba kitu, dawuÂhan Kangjeng Rasul, ucapkeun salam sarta mugia ditepikeun ka sakumna ahli kubur, mumiÂnin- muminat, muslimin-musliÂmat, sarta mugia Allah maparin rahmat ka nu geus ti hareula, jeung nu bakal datang, sabab urang bakal nyarusul (HR. Muslim).
Kaduana pikeun ngingetan ka nu zaliarah atawa nu harirup yèn sakabèhna bakal kitu, sarta diharepkeun saentas ziarah tèh, beuki soson-soson ngeuÂsian kahirupan ku amal-amaÂlan anu hade nyiapkeun bekel balik. Katiluna, lamun urang ngadu’akeun ahli kubur kalayan ihlas, dua anu dibacakeun tèh bakal ngurangan siksa kubur. Ulah sotèh mènta berkah jeung bantuan ka pangeusi astana, shalat nyanghareupan kuburan, nyadiakeun susuguh, kadaharan jeung inumeun pikeun para ruh anu aya di kuburan.
“Numatak afdolna ziarah ka kuburan tèh nyaho heula huÂkumna, bisi ti kosèwad atawa ti jalikeuh, ari geus nyaho mah, nya mangga tèh teuing. Teu bèda ti supir anu kakara diajar, kudu ati-ati pisan. Ari geus gapÂah mah kamana ogè bisa nyemÂprung, sabab geus nyaho aturan lalulintas,â€sanggem Ustad Dudi basa ngariung dina malem KeÂmis. Kitu ogè dina urusan tatanÂya pasualan agama, alusna mah ka nu ahlina, sabab bisi kapangÂgih jeung jalma anu sasab jeung resep nyasabkeun.